Ah, eta mah ngan mitos hungkul. geuningan Aa Boxer, Guru Utama Bela diri Boxer, ampir kabeh plat nomer mobilna make angke 13, terus numer hape na oge ditungtungan ku angka 13. angger weh beunghar, teu sial. heuheuheu... duka teuing atuh nya... meureun jang anjeunna mah angka sakti. bareto dina kuis siapa berani, Helmy Yahya sok nyebut angka 13 teh "Lucky Number". ah, asana mah Gusti Alloh moal mere karugian pedah ku angka 13, eta mah geus nasib weh amun sial mah. hehehehe...
bohay...
hayang boga 13 budak ti 13 pamajikan... heuheuheu...
2006/7/12, sr <[EMAIL PROTECTED]>:
Lolobana diwidang properti anu nganggap 13 angka sial teh, timimiti nomer imah,lift, lantai bangunan, mun tas dua belas sok ngaclog ka opat welas, atawa nomer imah sok jadi 12A. Baheula inget keneh basa usum pemilu, PAN kabagean nomer 13, atuh dina teu suksesna ge aya jang alesan, ujung ujungna angka tiluwelas jadi katempuhan buntut maung. Saenyana ngan ukur tahayul,kajadian anu dianggap sial lantaran aya angka 13an ngan ukur kaparengan wungkul, bener henteuna mah wallohualam. Baheula basa kuring dijurukeun ku ema, rada reuwas campur hariwang lantaran barang brol ka alam dunya kareret dina kalender marengan tanggal 13, niat mah hayang balik deui kajero rahim nungguan sapoe atawa dua poe deui sangkan liwat ti tanggal 13 atawa nungguan sabulan deui susu ganan aya nomer cantik, ngan teu wasa antukna ngan ukur bisa goar goar ceurik bari terus diasongan susu made in ema panyesaan lanceuk lanceuk kuring baheula. Kabahdieukeun sok ras ka angka 13 teh mun dina beus sajok jeung nini nini. Jadol!Cenah mah di korea jeung singapur mah nu kaasup angka sial teh angka opat, tapi teu beda diurang ge angka opat sok dianggap angka sial oge pangpangna ku sabagian awewe, eta we sok aya nu ngomong kieu "Sial euy, maenya uing dijadikeun pamajikan nu kaopat!"syam ridwan----- Original Message -----From: Reddy ApriantoSent: Wednesday, July 12, 2006 9:42 PMSubject: [Urang Sunda] Angka 13
Angka 13..........
Sabenerna mah, geus ti sababaraha waktu ka tukang kuring teh hayang nyaho naha angka 13 teh disebut angka sial.
Ngan kusabab euweuh waktu, akhirna mah kahayang nyaho teh rada pupus. Mucunghul deui teh sabab sacara teu dihaja,
5 minggu ka tukang kuring merhatikeun nomer korsi dina pesawat. Harita kuring meunang korsi no 14. Ngahaja korsi teh ku kuring
dipapay. Barang anjog kana korsi nomer 12, kuring rada heran, naha ti 12 langsung luncat ka nomer 14.
Teu loba carita harita mah, langsung we diuk bari rada heran ge.
Kabeneran harita teh kuring nyambung ngapung ka hiji kota di Eropa. Tamba kesel, kuring mapay nomer korsina.
Matak heran deui wae, korsi nomer 13 mah euweuh. Ari sugan teh urang barat mah geus teu percaya kana nu kararitu teh, singhoreng teh masih keneh.
Ti saprak harita, akhirna kuring mikir, berarti kapercayaan yen angka 13 teh angka sial geus jadi kepercayaan anu global.
Sok sanajan teu kabeh bangsa angka sial na nomer 13. (Siga Indonesia anu angka sial na teh lain 13 tapi 12. Sok loba nu ngomong pan "wah euy cilaka 12".. :-) )
Nu jadi pertanyaan kuring, naha loba jalma nu yakin yen angka 13 teh angka sial?? Geus aya can nu ngitung
make elmu statistik yen angka 13 teh angka sial??
Sateuacanna hatur nuhun ka baraya anu tiasa masihan bongbolongan ka kuring.
Kuring kungsi maca salah sahiji carita anu aya hubunganna jeung angka 13.
Di taun 1307, Paus Clement V babarengan jeung raja Philippe IV ngaluarkeun surat parentah ka sakumna prajurit di Eropa. Surat eta teh karek meunang dibuka
tanggal 13 Oktober 1307. Singhoreng, eusi surat eta teh mangrupakeun parentah jang ngamusnahkeun "Ksatria Templar" nu harita teh mangrupakeun sakumpulan
ksatria nu boga kakawasaan kacida gedena di Eropa. Naha ieu teh salah sahiji hal anu ngajadikeun angka 13 teh angka sial???
regards,
Reddy
Technical Dept.
Ph. +62 31 8964555, ext 2533
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___
- Re: [Urang Sunda] Angka 13 sr
- Re: [Urang Sunda] Angka 13 reka gayantika
- Re: [Urang Sunda] Angka 13 Sirit Uncuing
- Re: [Urang Sunda] Angka 13 kang_boim
Kirim email ke

