KAPAL KOLECER
Kapal kolecer mangrupakeun alat transportasi anu umum digunakuen keur ngangkut jelema jeung barang.
Kolecer anu utama diluhureun awakna ngabalukarkeun tanaga dorong, antukna kapal kolecer bisa hiber. Angin kolecer utama oge ngabalukarkeun tangga ngangkat pikeun kapal kolecer.
Sakabeh kapal kolecer merlukeun cara pikeun ngalawan tanaga muter tina kolecer utama (luhureun awak), lamun heunteu awak kapal kolecer bakal muter ngalawan arah jeung puteran kolecer utama. Ilaharna hiji kolecer leutik dipasang dina buntut kapal kolecer. Jadi pungsina kolecer leutik dina buntut, supaya awak kapal kolecer henteu muter, jeung keur ngabalukarkeun tanaga dorong kagigir kenca atawa katuhu.
Kalawan nambahan atawa ngurangan tanaga dorong kagigir, pilot bisa mengkolkeun kapal kolecer ka kenca atawa ka katuhu. Pilot bisa ngamanuperkeun ( maju atawa mundur) ku cara ngarubah sudut kolecer utama.
Pilot ngajalankeun kapal kolecer ku : PEDAL RUDDER jang mengkolkeun ka kenca atawa ka katuhu, ITEUK CYCLIC PITCH jang maju, mundur jeung kagigir, ITEUK COLLECTIVE PITCH jang naek jeung turun.
ALAT - ALAT KASALAMETAN KAPAL KOLECER
- Panto kaluar darurat ( bisa coplok jeung pantona, kaca jandela bisa dibuka kucara ngadedetkeun satiap juruna )
- Rakit
- Alat-alat survival
- ELT, Emergency Location Transmiter. Nyaeta radio pamancar otomatis mancarkeun sinyal ka satelit SAR mere nyaho lokasi kapal kolecer kacilakaan.
- Tabung keur mareuman seneu.
- P3K
- Batre jeung kampak.
ALAT - ALAT KASALAMETAN SEWANG - SEWANGAN
- Baju pangambang
- Alat keur nutupan ceuli
- PLB ( Personal Location Beacon = Pamancar jang mancarkeun sinyal, mere nyaho lokasi kacilakaan, tapi ngan dipake ku pilot jeung co-pilot)
Baju pangambang ngajaga sirah numakena aya terus diluhur cai. Baju pangambang dipelendungkeun ku gas CO2 tina tabung leutik ku cara metot talina atawa ditiup ku sorangan. Lamun dipelendungkeun kucara di tiup, tali CO2 ulah di betot. Alat-alat sejen anu napel dina baju pangambang :
· Piriwit
· Lampu anu hurungna lamun keuna cai.
· Pita anu malikeun / mantulkeun cahaya ( dinu poek katenjo hurung ).
· Pangatur beubeur.
DAERAH ANU BAHAYA DISAGEDENGEUN KAPAL KOLECER
- Kolecer utama jeung kolecer buntut.
- Saluran asup jeung kaluar hawa mesin.
- Anteneu / dihareup.
NAON NU KUDU JEUNG NU ULAH
· KUDU nyampeurkeun kapal kolecer lamun geus dititah – biasana mere tanda jempol
· KUDU dongko nyampeurkeun kapal kolecer .
· KUDU aya dina daerah anu dimeunangkeun – sisi kenca atawa katuhu
· KUDU horizontal lamun mawa barang panjang.
· KUDU tengetkeun jalur kolecer
· KUDU inget yen kapal kolecer bisa gerak kasagala arah.
· KUDU ati-ati kana alat pangapung kapal kolecer, kade ulah ditincak (dina suku kapal kolecer)
· KUDU nyaho atawa ngarti kumaha cara muka panto darurat.
· KUDU nyaho tempat nyimpen LIFERAFT (rakit) jeung alat-alat survival.
· KUDU teu leupas tina baju pangambang.
· KUDU make panutup ceuli.
· KUDU nyaho BRACE POSITION = nyaeta posisi diuk, awak tunkul, lengeun hiji nyekelan kana biwir korsi, leungeun nu hiji deui nyekel kana taktak bari nutupan (ngajaga) beungeut ( pososi keur kaayaan darurat ).
· ULAH nyampeurkeun atawa ninggalkeun kapal kolecer saencan dititah ku pilot.
· ULAH muka beubeur pangaman lamun rek euntereup saencan dititah ku pilot.
· ULAH ngadeukeutan kolecer buntut, saluran asup atawa kaluar angin mesin.
· ULAH nyekelan sistim anteneu.
· ULAH udud
· ULAH ngankat barang leuwih luhur ti taktak, lamun rek nyampeurkeun kapal kolecer.
· ULAH diantepkeun barang-barang anu bisa hiber katiup.
· ULAH make dudukuy.
KAAYAAN DARURAT KAPAL KOLECER
Ilaharna pilot anu mimiti nyaho aya masalah dina kapal kolecer. Tapi pangaweruh anjeun pikeun nyaho masalah jeung nyiapkeun diri ngabantu pisan pikeun mempertahankeun hirup.
Aya sababaaraha rupa kaayaan darurat anu bisa mangaruhan ngapungna kapal kolecer, nyaeta :
- OPERASI NGAPUNG– Karuksakan mesin
- KARUKSAKAN SISTM – Hidrolis, listrik
- KARUKSAKAN MEKANIS – Endeur anu teu ilaharna.
- KAHURUAN – mesin atawa kabin.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

