HELICOPTER UNDERWATER ESCAPE

NYALAMETKEUN DIRI TINA KAPAL KOLECER ANU TITEULEUM

 

 

HESENA NYALAMEUTKEUN DIRI DIJERO CAI

 

Hasil panalungtikan saenggeus kacilakaan, kunaha panumpang hese nyalametkeun diri dijero cai nyeta ; hese muka beubeur pangaman jeung cara muka panto darurat, disagedengeun eta oge :

  • Kamampuan mata (nenjo).
  • Gaya tarik bumi
  • Kasaimbangan
  • Pisik
  • Presepsi.

 

Nyaho kumaha cara ngagunakeun mekanisme-mekanisme ieu jeung siap nyanghareupan kaayaan ekstrim, bisa nyingkahan kasulitan-kasulitan ieu.

 

 

PROSEDUR RAGRAG

Prosedur bisa ngabantu anjeun dina mangsa rek kaluar tina kapal kolecer, boh dina posisi ajeg atawa tiguling.

 

Mimiti ti pilot ngomong "KAPAL KOLECER DINA KAAYAAN DARURAT" nepi ka anjeun ngalakukeun "BRACE POSITION" kudu inget checlist.

 

Aya dua scenario anu bakal disanghareupan :

  • RAGRAG MAKE BEWARA – Meunang bewara ti pilot kurang ti 60 detik.
  • RAGRAG TEUMAKE BEWARA

  

RAGRAG MAKE BEWARA

Aya 5 anu kudu di pariksa. Dirancang jang nyingkahan masalah sarta ngurangan bahaya anu ngancam anjeun jeung panumpang lian, jeung nyiapkeun diri sacara mental jang nyanghareupan ragragna kapal kolecer.

 

Jujutanna nyeeta :

  1. Beubeur Pangaman
  2. Apalkeun Jalan ka Luar
  3. Barang gampang leupas
  4. Baju Pangambang.
  5. Posisi BRACE

 

1.       Beubeur Pangaman, Pageuh jeung kuat, sirah beubeur posisina teu tibalik, bujur napel lempeng jeng sarandean korsi, beulitkeun sesa beubeur pangaman ulah sina ngambai.

 

2.       Apalkeun Jalan ka Luar, Pilih jeung tangtukeun jalan utama jeung alternatip, Apalkeun kumaha cara supaya nepi ka panto bari mata ditutup, apalkeun kumaha cara mukana.

 

3.       Barang Gampang Leupas, Amankeun (simpen) barang-barang anu gampang lepas atawa ngapung, ieu bisa matak nyilakakeun jeung matak ngahesekeun epakuasi anjeun.

 

4.       Baju Pangambang, Pariksa tali gagantung (jang metot gas CO2) aman, henteu kagencet ku beubeur pangaman. Entong dipelendungkeun saencan anjeun dilurhureun cai.

 

5.       Posisi BRACE, Ngurangan akibat batingan, ngurangan tatu, bohak. Moal matak kalangsu (disorientasi) jeung mere titik reperensi anu hade. ( Posisi BRACE nyaeta sikap posisi anu aman keur kaayaan darurat. nyaeta posisi diuk, awak tungkul, lengeun hiji nyekelan kana biwir korsi, leungeun nu hiji deui nyekel kana taktak bari nutupan (ngajaga) beungeut. Leungeun anu nyekelan taktak bari ngajaga beungeut, nyaeta leungeun anu paling deukeut kana panto, kudu diinget-inget tah ! Contona leungeun katuhu anu ngajaga beungeut jeung nyekel kana taktak kenca, berarti panto aya dibeulah lengeun katuhu, jadi leungeun anu nyekel taktak gumantung kana panto rek nu kenca atawa katuhu. Dina mangsa kapal kolecer ngagulitik dijero cai terus tibalik, urang geus inget yen panto kaluar Beulah katuhu (leungeun anu nyekelan taktak kenca) Lamun urang teu nginget-nginget panto ka luar timimiti, urang bakal kalangsu neangan panto ka luar, sabab kapal kolecer kungsi ngagulitik.

 

 

NYALAMETKEUN DIRI TINA KAPAL KOLECER ANU ENTEREUP DI CAI ATAWA RAGRAG

 

Entreup Di Cai Henteu Tiguling

  1. Cicing Diuk

·         Beubeur pangaman tong dilepaskeun

·         Lepaskeun ( panto) atawa buka jalan ka luar

·         Siap-siap bisi kapal kolecer tiguling

·         Tingali jalan kaluar jeung tempat alat kasalametan

 

  1. Nurut kana parentah pilot
  2. Ninggalkeun atawa kaluar ti kapal kolecer
    • Dititah ku pilot
    • Kolecerna geus teu muter
    • Melendungkeun baju pangambang, lamun geus diluar kapal kolecer
    • Kapal kolecer ngambang di cai make alat pangambang nu aya dina sukuna, penting pisan urang kudu ngajaga kasaimbangan sangkan ulah tiguling. Rakit (Liferaft) meunang dipelendungkeun lamun jarakna geus aman tina kapal kolecer.

 

Entreup Di Cai Tiguling

Lamun kapal kolecer euntreup di cai terus tiguling, lakukeun 5 cara ieu :

 

5 Cara Nyalametkeun Diri di Jero Cai

  1. Cicing
  2. Buka Jalan Kaluar
  3. Reperensi
  4. Beubeur Pangaman
  5. Kaluar

 

1.       Cicing

·         Beubeur pangaman tong dileupaskeun

·        Cicing dina posisi BRACE

·         Tetep nyekelan reperensi

·         Dagoan nepi tigulingna eureun jeung cai nu asup eureun. Sabab lamun kabin can pinuh ku cai panto hese dibuka, kusabab aya tanaga dorong cai anu asup kan kabin.

 

2.       Buka Jalan Kaluar

·         Teangan jalan kaluar make lengeun anu pangdeukeutna

·         Teangan tuas pamuka atawa dorong.

 

3.       Reperensi ( Cecekelan )

·         Tunda leungeun anu ngaleupaskeun panto atawa jandela dina premna

·         Tong nyoba-nyoba ngaleupaskeun lengeun tina prem panto atawa jandela

·         Tong waka ingkah tina kabin anu pinuh ku cai lamun can boga reperensi (cecekelan)

 

4.       Beubeur Pangaman

·         Leupaskeun beubeur pangaman make leungeun nu lain

 

5.       Kaluar

·         Tarik awak anjeun ku leungeun anu nyekelan prem panto atawa jandela.

·         Gunakeun bagian luhur awak anjeun jang ingkah kaluar

·         Suku tong totojer bisi najong panumpang lian. Omat……ulah waka melendungkeun baju pangambang dijero kabin, sabab awak urang bisa kajebak atawa ngait dijero kabin.

 

 

Ngojai ngajauhan kapal kolecer, saencan urang mucunghul kaluhur cai, singraikeun heula eta cai ku leungeun bisi aya peupeusan barang atawa minyak (avtur) bahe.

 

 

 Cag heula ngacaprax-na engke diteruskeun deui "SEA SURVIVAL" Kumaha carana sangkan urang bisa hirup angkleung-angkleungan ditengah laut dina kaayaan darurat atawa kacilakaan.
 
Jang Emod

 

 

 

 

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke