kungsi manggih tulisan duka dimana, poho deui, di PR duka dimana, jarak teh kaliki cenah. dina henteuna, nya barayana meureun. duka ka pi alo atawa kapi mamang.

On 7/17/06, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
alah enya kitu mang?
heu heu berarti salila ieu simkuring lepat nya? sugan teh jarak jeung kaliki benten.

aya carita basa keur sd kelas dua. diajak babaturan ka kebon tukangeun sakola. kabeneran aya tangkal jarak. "urang beuleum yu?" cek babaturan teh, "ngeunah siah asa suuk". nya dasar barudak teu boga wiwaha, nya der we dibeuleuman. enya benerna mah asa suuk, ngeunah, ngan saeunggeusna ngadon lieur, babalongkengan utah. nya kapaksa kuring sabalad di ka puskesmaskeun, malah aya nu dirawat sagala. tiharita kajadian eta katelah, tragedi "weureu jarak" teu disebut weureu kaliki. nepi ka lulus sd sok dijadikeun silih gonjakan jeung papada babaturan, hususna ku babaturan nu teu ngasaan.
cenah mun teu salah buah jarak sok dipake tukang neres (ngala lahang). duka keur naon hilap deui.

sedeng ari kaliki mah sejen deui, aran buah kaliki sok dikaitkeun jeung obor. minyak kaliki sok dipake keur gaganti minyak lantung. mun teu salah tangkal kaliki mah jiga tangkal gedang. tangkal jarak mah jiga heuheu jiga kitu we lah teu bisa ngagambarkeun euy.

heuy deuh, sugan teh kitu geuning sami nya?
 

dh

On 7/17/06, mj < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

kang Dud,
 
jarak teh cek basa teuing, cek basa Sunda KALIKI. kungsi loba di urang, da nepi ka jadi lembur, Pasir Kaliki. hartina gunung nu pinuh ku tangkal kaliki.
 



--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com



--
geocities.com/mangjamal __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke