Kamari macaan paper ngenaan Jarak. Ceuk kuring mah, ulah di urang (Jabar), jarak teh, Sok sanajan Kang Dhani (Gub Jabar) geus ngaikrarkeun siap, cenah. Kunaon? sabab di daerah anu subur, Jarak teh alus dauna, ngan goreng buahna. Kitu cenah, Matakna Jarak teh alusna mah di daerah anu rada garing, tandus, siga di NTT kitu.
ngan duka teuing, da anu ngemploh atawa nyuburkeun mah da pangeran. ieu mah ceuk tiori cenah. anu bisa jadi salah eta oge.
baktos
tantan
On 7/17/06,
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kungsi manggih tulisan duka dimana, poho deui, di PR duka dimana, jarak teh kaliki cenah. dina henteuna, nya barayana meureun. duka ka pi alo atawa kapi mamang.
On 7/17/06, Dudi Herlianto < [EMAIL PROTECTED]> wrote:alah enya kitu mang?
heu heu berarti salila ieu simkuring lepat nya? sugan teh jarak jeung kaliki benten.
aya carita basa keur sd kelas dua. diajak babaturan ka kebon tukangeun sakola. kabeneran aya tangkal jarak. "urang beuleum yu?" cek babaturan teh, "ngeunah siah asa suuk". nya dasar barudak teu boga wiwaha, nya der we dibeuleuman. enya benerna mah asa suuk, ngeunah, ngan saeunggeusna ngadon lieur, babalongkengan utah. nya kapaksa kuring sabalad di ka puskesmaskeun, malah aya nu dirawat sagala. tiharita kajadian eta katelah, tragedi "weureu jarak" teu disebut weureu kaliki. nepi ka lulus sd sok dijadikeun silih gonjakan jeung papada babaturan, hususna ku babaturan nu teu ngasaan.
cenah mun teu salah buah jarak sok dipake tukang neres (ngala lahang). duka keur naon hilap deui.
sedeng ari kaliki mah sejen deui, aran buah kaliki sok dikaitkeun jeung obor. minyak kaliki sok dipake keur gaganti minyak lantung. mun teu salah tangkal kaliki mah jiga tangkal gedang. tangkal jarak mah jiga heuheu jiga kitu we lah teu bisa ngagambarkeun euy.
heuy deuh, sugan teh kitu geuning sami nya?
dh
On 7/17/06, mj < [EMAIL PROTECTED]> wrote:kang Dud,jarak teh cek basa teuing, cek basa Sunda KALIKI. kungsi loba di urang, da nepi ka jadi lembur, Pasir Kaliki. hartina gunung nu pinuh ku tangkal kaliki.
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com
--
geocities.com/mangjamal
--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr
"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi-- __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___
- Re: [Urang Sunda] kabita jarak mj
- Re: [Urang Sunda] kabita jarak Dudi Herlianto
- Re: [Urang Sunda] kabita jarak kang boim
- Re: [Urang Sunda] kabita jarak oman abdurahman
- [Urang Sunda] KALIKI => Re: kabita jarak mh
- Re: [Urang Sunda] kabita jarak mj
- Re: [Urang Sunda] kabita jarak tantan hermansah
- Re: [Urang Sunda] kabita jarak oman abdurahman
- [Urang Sunda] JARAK => Re: kabita jarak mh
Kirim email ke

