Leres pisan kang teu cekap ku "heup atos ulah silih salahkeun". Mung urang satekah polah silih emutan. Yen silih salahkeun teh kirang sae tanpa nyobi masihan jalan keluarna. Anu sae mah memang diskusi teh aya kasimpulanana. Mung nyakitu pan saur kang MGT mah dunia milis teh demokrasi pisan. He.....he.....
 
Mamang kedah kitu kang Rahmat, jelaskeun we ka masyarakat teh yen nagri urang teh mangrupikeun nagri gudang rawan bencana. Atuh upami disumput2 wae mah iraha bade muncul rasa waspadana? Memang disagedengeun nagara urang rawan pisan ku bencana, tapi tiana sisi positifna pan urang janten nagara anu kaya SDAna, sanajan bangsa urang teu acan tiasa ngolah eta SDA kalayan maksimal.
 
Tah panginten budaya transparan dina danget ayeuna diperyogikeun pisan.
 
Cag ah sakitu heula.
 
On 7/24/06, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ceuk kuring mah perkara ieu teu cekap dipungkas ku
"heup..atos teu kenging silih salahkeun".
Margi lamun sagala pasualan dipungkas siga kitu,
heunteu ngabeberes pasualan. Tah didieu pentingna
"juragan moderator" anu gaduh wawasan kahareup. Pan
salah sahiji pungsina surelek ieu teh kanggo
ngawadahan sagala harepan para anggotana dina mayunan
jaman anu gancang sarwa obah.

Aya hiji hal anu jelas ku ayana musibah anu tumiba ka
bangsa urang. Pamarentah jeung masyarakat teu acan
pati robah dina mikiran jeung nyanghareupan hiji
pasualan anyar. Tsunami teh hiji pasualan anyar pikeun
bangsa urang mah, sabab ngarobah konsep kacapangan
"gemah ripah loh jiwani tata tengtrem".
Hiji koran mah malahan sacara ekstrim ngabolekerkeun,
Ku ayana tsunami, Indonesia teh kaasup nagara gudangna
rawan bancang pakewuh.

baktos,

mrachmatrawyani



--- Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED] > wrote:

> Amiiin.....hatur nuhun jang runa mani wijaksana
>
> On 7/21/06, Runa Inawan < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Heup..baraya atos..atos teu kenging silih
> salahkeun, bilih malites ka diri
> > sorangan.
> > Nya poma ieu mah ka baraya anu ancrub dina
> per-LSM-an teu kenging spertos
> > anu dicarioskeun ku akang2 diluhurnya???.
> Peupeujeuh.
> >
> > Matkana urang salaku masyarakat teh kudu cageur,
> bageur tur pinter. Sangkan
> > naon? Nya ngarah areling intina mah. Tah meureun
> ayeuna mah, mun geus apal
> > kitu teh teu sae, sok atuh tepakeun ka anak incu
> urang, yen kikituan teh teu
> > hade.
> >
> > hatur nuhun.

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around



--
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                 http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
[email protected]
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke