Teh Mae, lamun teu lepat mah Teh Mae teh aya di Amrik kitu?. Punten 
Teh, ulah disamikeun jeung di Amrik di Indonesia mah. Di urang mah soal 
kasalametan nomer dua sabab bangsa urang mah lolowodeh dina miara alat-
alat kasalametan. Dina nyanghareupan kahuruan wae, sering kajadian, 
mobil pemadam kebakaran kapaksa milarian cai tinu tebih ti tempat 
kahuruan, da hidranna teu jalan/teu aya caian. Atuh kaburu seep 
kaduruk. Fasilitas alat-alat aya, tapi ari rarusak mah, janten teu aya 
hartina. Nu dipikahariwang ku kuring teh model kitu. Upami EWS der 
dipasang, di basisir Indonesia. Sataun, dua taun, tilu taun .... 
tsnuami teu embol-embol, kawaspadaan jadi ngurangan, alat-alat mimiti 
rarusak. Dina hiji waktu bancang pakewuh Tsunami datang, tapi alat-alat 
rarusak atawa laleungitan, EWS henteu jalan. Jadina teh sarua wae, rek 
aya EWS atawa rek henteu.

Kanggo informasi, buoy (pelampung detektor pasang surut air laut) nu 
dipasang di laut sabudeureun Padang, ayeuna geus leungit dua siki!

Baktos,
WALUYA  


--- In [email protected], Mae West <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Wilujeng siang. Abdi bade ngiring nyarios perkawis EWS. Manawi abdi 
mah teu pinter kawas saderek Oman, ari pamadeg salira mah eta EWS teh 
peryogi pisan, manawi ceuk emutan abdi mah kasalametan manusa langkung 
peryogi dibanding keun sareng sabaraha ongkos na ngadamel EWS, sareng 
na deui "melindungi masyarakat" teh KAWAJIBAN pamarentah. Sakieu ti 
abdi, bade bendu manga da iyeu mah milis demokrasi tea, sadayana oge 
kenging ngajukeun pendapat pribadi, sanes kitu?
>   [EMAIL PROTECTED]







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke