Baraya,
 
Nembe teh si kuring ngaluuhan acara "soft opening" atawa "peluncuran" buku ngeunaan Bandung. Leres, ayeuna tos medal hiji deui buku ngeunaan Bandung, judulna : ""Geowisata Sejarah Bumi Bandung" (GSBB). Ieu buku ditulisa ku 4 inohong ti Kelompok Riset Cekungan Bandung (KRCB) jeung dipedalkeun (diterbitkeun) ku Badan Geologi. Anu nulisna ti KKRCB nyaeta: Kang Budi Brahmantyo, Teh Dhian Damajani, Teh Seruni Kusumawardhani sareng Kang T. Bachtiar.
 
Buku GSBB ngarupakeun buku panduan wisata anu pakait jeung apresiasi atawa perhatian kana fenomena bumi. Ieu buku bisa oge disebutkeun salaku ngawanohkeun sejarah (geologi) Bandung jeung manfaatna pikeun parawisata (oge budaya) anu ditepikeun dina bahasa populer. Ieu buku kasawang baris kacida manfaatna, utamana pikeun kagiatan para guru, barudak sakola, pariwisata, sanjarah, pemerhati kabudayaan, oge masyarakat umum anu merhatikeun masalah alam jeung budayana.
 
Manfaat buku sakumaha kasebut di luhur kasawang tina daftar eusi buku GSBB, nyaeta:
Daftar Isi
Daftar Simbol
Pengantar
Petunjuk Penggunaan Buku
Petunjuk Jalur-jalur Geowisata
Tips Umum Geowisata
Pendahuluan (Jelajah Bandung Masa Lalu dari Bentang Alam Masa Kini, Diagram Waktu Geologi Daerah Bandung, Peta Perjalanan Geowisata Bandung)
Geotrek 1 : Jelajah Sejarah Alam Cekungan Bandung
Geotrek 2 : Menembus Belantara Gunung Tangkubanperahu
Geotrek 3 : Menelusuri Gawir Sesar Lembang
Geotrek 4 : Napak Tilas Peninggalan Prasejarah Perbukitan Bandung Utara
Geotrek 5 : Melacak Jejak Tambang Obdisian Purba
Geotrek 6 : Mengitari Malabar dan Hulu Sungai Citarum
Geotrek 7 : Menyusuri Jalan Soreang ke Patuha
Geotrek 8 : Berbelit Jalan ke Perbukitan Kars Citatah - Rajamandala
Geotrek 9 : Meretas Lembah Citarum Tempat Bobolnya Danau Purba Bandung
Geotrek 10 : Menapak Jalur Batu Mulia ke Gunung Halu
Penutup (Perjalanan Spiritual Bujangga Manik)
Bibliografi
Glosarium dan Indeks
Ucapan Terimakasih
Catatan Perjalanan
 
Buku GSSB anu mibanda ukura 15 x 20 cm dicitak lux, di jerona pinuh ku foto-foto warna-warni (full colour), sketsa, jeung gambar. Kacida saena. Kuring bagja meunangkeun ieu buku langsung dipaparinan ku anu nulisna. Ceuk penulisna, Kang Hawe sareng Kang Her Suganda bade ngaresensi ieu buku saenggalna.
 
Ka baraya anu peryogi buku GSSB, tiasa pesen. Pedalan kahiji ieu buku ukur sayogi 750 exemplar (kitu oge tos kacoceng ku kuram-kirim ka sababaraha pihak). Si kuring posting ieu sanggeus meunang ijin, boh ti penulisna oge ti penerbit (Badan Geologi), samemeh "lounching" resmi ("grand opening") ieu buku engke kl tanggal 19 September 2006 dina acara Sosialisasi Kebencanaan Geologi", sami di Bandung.
 
baktos,
manAR  
 
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke