Haturan Kang Enton,
Mangga. Tiasa pesen ka abdi, pangaosna Rp 80.000 per buku, mangga diantos. Hubungan wae via japri atanapi sms. Ieu nomer hp abdi : 081320691773. Tos aya limaan anu nanaroskeun perkawis pesenan, duaan anu tos pesen.
baktos,
manAR
On 7/27/06, enton supriyatna sind <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Upami kuring peryogi buku geowisata sejarah tea, ka mana pesena, Mama Ajengan?
-enton ss
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Baraya,Nembe teh si kuring ngaluuhan acara "soft opening" atawa "peluncuran" buku ngeunaan Bandung. Leres, ayeuna tos medal hiji deui buku ngeunaan Bandung, judulna : ""Geowisata Sejarah Bumi Bandung" (GSBB). Ieu buku ditulisa ku 4 inohong ti Kelompok Riset Cekungan Bandung (KRCB) jeung dipedalkeun (diterbitkeun) ku Badan Geologi. Anu nulisna ti KKRCB nyaeta: Kang Budi Brahmantyo, Teh Dhian Damajani, Teh Seruni Kusumawardhani sareng Kang T. Bachtiar.Buku GSBB ngarupakeun buku panduan wisata anu pakait jeung apresiasi atawa perhatian kana fenomena bumi. Ieu buku bisa oge disebutkeun salaku ngawanohkeun sejarah (geologi) Bandung jeung manfaatna pikeun parawisata (oge budaya) anu ditepikeun dina bahasa populer. Ieu buku kasawang baris kacida manfaatna, utamana pikeun kagiatan para guru, barudak sakola, pariwisata, sanjarah, pemerhati kabudayaan, oge masyarakat umum anu merhatikeun masalah alam jeung budayana.Manfaat buku sakumaha kasebut di luhur kasawang tina daftar eusi buku GSBB, nyaeta:Daftar IsiDaftar SimbolPengantarPetunjuk Penggunaan BukuPetunjuk Jalur-jalur GeowisataTips Umum GeowisataPendahuluan (Jelajah Bandung Masa Lalu dari Bentang Alam Masa Kini, Diagram Waktu Geologi Daerah Bandung, Peta Perjalanan Geowisata Bandung)Geotrek 1 : Jelajah Sejarah Alam Cekungan BandungGeotrek 2 : Menembus Belantara Gunung TangkubanperahuGeotrek 3 : Menelusuri Gawir Sesar LembangGeotrek 4 : Napak Tilas Peninggalan Prasejarah Perbukitan Bandung UtaraGeotrek 5 : Melacak Jejak Tambang Obdisian PurbaGeotrek 6 : Mengitari Malabar dan Hulu Sungai CitarumGeotrek 7 : Menyusuri Jalan Soreang ke PatuhaGeotrek 8 : Berbelit Jalan ke Perbukitan Kars Citatah - RajamandalaGeotrek 9 : Meretas Lembah Citarum Tempat Bobolnya Danau Purba BandungGeotrek 10 : Menapak Jalur Batu Mulia ke Gunung HaluPenutup (Perjalanan Spiritual Bujangga Manik)BibliografiGlosarium dan IndeksUcapan TerimakasihCatatan PerjalananBuku GSSB anu mibanda ukura 15 x 20 cm dicitak lux, di jerona pinuh ku foto-foto warna-warni (full colour), sketsa, jeung gambar. Kacida saena. Kuring bagja meunangkeun ieu buku langsung dipaparinan ku anu nulisna. Ceuk penulisna, Kang Hawe sareng Kang Her Suganda bade ngaresensi ieu buku saenggalna.Ka baraya anu peryogi buku GSSB, tiasa pesen. Pedalan kahiji ieu buku ukur sayogi 750 exemplar (kitu oge tos kacoceng ku kuram-kirim ka sababaraha pihak). Si kuring posting ieu sanggeus meunang ijin, boh ti penulisna oge ti penerbit (Badan Geologi), samemeh "lounching" resmi ("grand opening") ieu buku engke kl tanggal 19 September 2006 dina acara Sosialisasi Kebencanaan Geologi", sami di Bandung.baktos,manAR
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

