Kabutuhan jalma hirup teh naon cing?
dahar, pake, pangiuhan.

eta nu pokok.
Dahar: sangu, lalab, hayam atawa tempe. cukup. gizi berimbang.
           teu kudu "GENGSI" dahar di Mc D.

Pake : Awewe, oratna sakujur badan, iwal beungeut jeung dampal leungeun.  Lalaki pon kitu deui.
            teu kudu "GENGSI" make DKNY atawa Louis Vuitton, Calvin Klein.

Pangiuhan: Memenuhi syarat sanitasi, ventilasi, asri
           teu kudu "GENGSI" nyieun imah kaleuleuwihi ngajengleng gedong sigrong, ari duitna meunang ngagarong.


Kabutuhan sejena,
Kransportasi :
- Boga duit ngan cukup jang meuli motor, meuli motor anu biasa we. nu penting tepi ka tempat tujuan. teu kudu maksakeun meuli anu "Gagah" ngarah "GENGSI".
- Boga duit leuwih bisa jang meuli mobil, nu sawajarna we, nu penting keluarga kabawa kamamana, teu kudu maksakeun meuli anu itu nu eta, ngarah "GENGSI".

Komunikasi :
- Meuli handphone, teu kudu unggal aya model anyar terus dibeuli, kena-kena boga duit jeung meh "GENGSI". paling dipake nelpon jeung sms hungkul.
    dina enyana boga duit leuwih, mendingan disumbangkeun ka korban tsunami di basisir kidul.

tuh da, enya bangsa urang mah ngalolobakeun "GENGSI".

Hidup Gengsi, Hidup Israel !!!

Nu gengsian mah da nu ngadukung Israel.

                 
         
On 7/26/06, dini harmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mmm, nganggo produk-produk non lokal ge teu kunanaon, bentrokan ngarebutkeun konsumen malah janten tiasa ngajantenkeun ketergantungan berbalik arah.
 
panginten eta ge,
dini harmita


Ukay Karyadi <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Perlahan-lahan tiasa meureun ngagentos barang-barang buatan Yahudi (impor umumna) ku produk-produk lokal. Produk lokal saleresna lumayan sae, tinggal masalah pencitraan.


waluya56 < [EMAIL PROTECTED].net.id> wrote:
Aya baraya nu didamel pausahaan2 "raksasa" ieu? Sakanyaho kuring,
Nestle pabrikna aya di Pasuruan jeung Lampung. Coca Cola ampir di
unggal propinsi aya, malah di Jabar mah aya dua, Coca Cola pusat di
Bekasi, jeung Coca Cola distribusi Jabar di Rancaekek Bandung. Aqua
(Danone) pon kitu pabrikna nyebar dimana-mana. Nu sejenna, duka tah,
nu jelas Rupert Murdoch, ceuk beja mah boga saham di ANTV ( bogana
grup Bakri).

Jadi? .....hehehehe nya duka teuing atuh, ngan nu jelas sanes gengsi,
da meureun ku kabutuhan jeung henteu terang eta teh aya Yahudian.
Sanajan dina terangna oge (jeung wartos ieu leres), teu bisa nanaon,
da rada beurat ieu teh kudu ninggalkeun komputer nu aya "intel
Inside"na.

Baktos,
WALUYA
(Bari ngarongokong nyandak Aqua Gelas)

--- In [email protected], "irpan rispandi" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Sigana mah karakter "GENGSI-an" bangsa urang oge mere sumbangan teu
saeutik
> pikeun israel.
> ya... lumayan lah, mun urang gengsian sarua jeung ngadukung Israel.
>
> Hidup Gengsi, Hidup Israel !!!
>



Do you Yahoo!?
Next-gen email? Have it all with the all-new Yahoo! Mail Beta.


How low will we go? Check out Yahoo! Messenger's low

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___