Heuheuheu... emang Indonesia mah geus dijadikeun target pasar. jadi
nagara konsumen, lain nagara Produsen.
emut teu sababaraha taun katukang, Amerika ngasupkeun CLQ (Chicken Leg
Quarter) ka nagara urang, anu hargana sktr 4 rebu sakilo, sdengkeun
harga pasaran hayam lokal basa eta sktg 10-13 rebu sakilo. nepikeun
Menperindag  basa eta (RIni Suwandi) jeung Mentan (Bungaran Saragih)
pasea di tingkat kementrian (Megawati mah cicing). Rini Suwandi
keukeuh yen urang kudu bisa ngasupkeun barang murah. Ari Mentan mah
nolak, kusabab ieu bakalan ngancurkeun Industri Peternakan di
Indonesia.

Kuring Panuju pisan kana statement Mentan, soalna amun geus euweuh
(paeh/ancur) Peternakan Lokal, pastina konsumsi hayam di Indonesia
bakalan tergantung kana produk impor, tah amun geus tergantung, rek
hargana sabarah oge pasti dibeuli.
jadi, bisa wae anu asalna 4 rebu, amun geus tergantung mah harga hayam
impor bisa jd 40 rebu sakilo. kabeuli moal?? pasti engke pangaruhna
kanu konsumsi protein, konsumsi protein ngaruh oge kana angka
kecukupan gizi masyarakat. waduuh... eta tah, salah sahiji prediksi
kuring amun nagara urang tergantung kana produk luar nagri, dina kasus
ieu mah daging hayam.

-bohay-
tukang ngangon hayam....



Pada tanggal 06/07/26, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
>
>
> Kang Ukay, sababaraha bulan kapengker, kuring maca dina Kompas, cenah
> neraca perdagangan Indonesia jeung Amerika teh di tahun 2005, Surplus!
> ( AMerika nu defisit). Duka leres duka henteu eta wartos teh ....
>
>
> --- In [email protected], Ukay Karyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
>
> > Lamun konsumtifna ka produk impor, sanes sae Kang malah ngarusak
> perekonomian nasional, neraca perdagangan bisa defisit. Teu nanaon
> konsumtif tapi anu dipeser produk-produk lokal, komo deui lamun hasil
> industri rakyat.
>
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke