Cik saha baraya anu sakola dina Hubungan Internasional? sanes kunanaon, peuting tadi saliwatan kuring ngareungeu wawancara SCTV jeung Anwar Ibrahim, urut deputy PM Malaysia. Ceuk si pewancara teh, naroskeun ka Anwar Ibarahim, kunaon agara-nagara Arab teu kompak/ teu heuras dina soal Israel vs Palestina/lebanon? Lain kulantaran nagara-nagara Arab diuntungkeun ku ayana konflik ieu? sabab harga minyak jadi nerekel naek!
Kurang asem eta nu ngawawancara, tapi heueuh nya, ayeuna harga minyak atah nerekel naek. Nu diuntungkeun tangtuna oge anu boga minyak (nagara- nagara Arab produsen minyak), nu "ngajurahroh" nagara-nagara anu meuli minyak. Nagara urang cenah, sanajan produsen Minyak tapi oge konsumen minyak, jadi kaasup nu bakal ngilu "ngajurahroh" lamun minyak atah terus nerekel naek. Aya deui, kumaha ruwetna konflik di Timur Tengah. Hizbullah nu ayeuna keur perang jeung Israel teh, Pangagem Syiah di Lebanon. Hezbullah didukung ku Iran. Sedengkeun Nagara-nagara Arab sejenna umumna pangagem Sunni. Antara Syiah jeung Sunni ti baheula keneh sok parasea, lir ibarat ucing jeung anjing. Tah upama wae Hezbullah meunang, hartina Syiah naek daun, ieu teu dipikaresep ku Arab Saudi anu Sunni. Nu matak katingali nagara-nagara anu pangawasana Sunni, ragu-ragu dina konflik Israel-Lebanon/Palestina. Kahirupan, cenah mah henteu "hideung-bodas", Loba kapentingan anu urang kadang-kadang henteu terang ...... Baktos, WALUYA --- In [email protected], surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ari urang hirup teh aya dua jalan...... hoyong hese > atanapi hoyong gampil sareng henteu stress...lamun Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

