industri PMA kiwari nu aya di urang, di tukangna aya modal nu teu boga kawarganagaraan, ideologi oge agama. modal baris datang ka nagara nu aman bari jeung buruhna murah. bari jeung populasina ratusan juta, jadi buruh oge pasar sakaligus. aya pausahaan nu asalna boga pabrik di urang pindah ka vietnam, sabab di vietnam buruhna leuwih murah.
nu boga modal atawa pabrikna sorangan bisa jadi urang jepang, korea, cina, yahudi, bule... eta mah meureun cek ekonomi makro. nu mikro na mah, kabeh pagawe pabrik di urang nya dulur jeung baraya urang keneh. urang indonesia, pastina oge aya urang sunda sanajan saeutik mun di banding urang wetan. nu bule atawa jepang koreana mah saeutik da ngan di puncakna wungkul. salila urang teu bisa mere alternatip -mere atawa muka lapangan pagawean-nu hartina mere panghasilan ka dulur sanagara- nya pasang we jurus wayahna. tarima kaayaan. mcd atawa cococola atawa aqua, bahan bakuna lolobana ti urang keneh. hayamna hayam urang, nu teu bisa bahasa inggris, cococo caina pasti ti urang keneh, komo aqua mah. politik ekonomi liberal (atawa pro modal asing) kieu nu baheula diprotes msiswa 1973/74, peristiwa malari tea. loba ekonom nu masih getol nyerang kawijakan eta-siga kwik kian gie atawa rizal ramli, tapi eleh sigana ku nu keur kawasa. ah, meureun ketang, ngacapruk. teu ngarti ekonomi karuh. mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

