Kang DH, kuring boga pangalaman nu teu pati ngeunah waktu di Bandara Cengkareng. Harita teh kuring datang ka Cengkareng isuk keneh pisan, rek ka Manado. Ti Bandung jam 2 peuting, da harita mah acan aya tol Cipularang. Di Cengkareng di Terminal F, sanggeus lapor, neangan sarapan da can kaburu sarapan. Di jero teh aya kantin. Nya pesen kopi jeung roti. Pas ditagih, ari jeleger teh .... 40.000 perak. Keuheul moal enya kopi "Kapal api" sacangkir jeung roti dua keureut 40 rebueun. Ngutruk ka babaturan, kalahka diseungseurikeun, dasar pedit, urang kampung cenah, biasa di Bandara mah ...
Tah ayeuna mah di Bandara aya KFC/McD, kuring lamun dahar sok didinya, lain kunanaon, hargana standar, rek di Bandung atawa di Cengkareng sarua wae. Sanes gengsi, ngirit uang jalan ....hehehehe Baktos, WALUYA --- In [email protected], "Dudi Herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > tah di dieu kuring rada ngahuleng... leng lengan... > ari nu dimaksud hirup tawadhu sacukupna teu kaleuleuwihi teh nu kumaha? > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

