Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadaya,
Poe saptu kamari, kuring, Teh Imas, caroge-na jeung kang Toni
Sofyan (gegedug Leboy) nyaba ka Cibatu Garut. Surpei tempat keur 
Halal Bihalal Kusnet 2006 tea. 

Ti Jakarta indit teh jam 8.30 isuk-isuk, nyampeur heula ka Kang Toni
di pintu tol Cibitung. Rada maksa oge ngajak Kang Toni teh soalna
mah keur 'Gaed' tunjak-tunjuk jalan. Apaleun da kungsi kaditu 
sababaraha
kali cenah. Tadina mah kang Iim ge rek milu cnah, ngan poe eta mah
teu bisa da aya acara. 

Jalan tol cipularang lancar, teu aya halangan nanaon. Geuleuyeungna 
mobil teh teu loba teuing oper persneling komo ngajejek rem mah.
Anteng we sajajalan teh. Antukna nyupiran teh jigana mun bari sila 
ge bisa.

Kaluar ti Tol Cileunyi jam 11 leuwih, tuluy mengkol ka katuhu.
Ngahaja make arah ka Tasik meh teu beulat-beulit teuing liwat ka kota
Garutna mah. Mapay-mapay gigireun Rel kareta api, bada lohor teh 
geus nepi ka imahna Kang Deni Suwardja. Kasampak komplek Pasantren
Keresek teh lega pisan. Aya balong dua, bari laukna tingkucipak jiga
nu milu ngabageakeun. Aya lauk Nila, Mujaer, lauk emas jeung Gurameh.

"Assalamu'alaikum...", kuring sabalad-balad uluk salam.
Torojol Kang Deni ti jero imah. Make calana kampret hideung, Kaos 
oblong bodas. 
"Wa'alaikum salaaaam...", bari nyerengeh Kang Deni ngabageakeun.
tuluy sasalaman, kitu deui jeung Teh Enung istrina nu milu norojol.
Gek dariuk diburuan imahna. Carogena Teh Imas mah langsung ngagoler.
Regot nginum cai meni nikmat. Dodol Garut jeung Dodol kacang nu 
dibungkusan ku daun jagong, sajongjongan erep kari bungkusna. 
heu...heu...
Kitu deui goreng bala-bala panas ge langsung we erep. Da puguh, indit
ti jakarta teh teu sarapan-sarapan acan.

Rengse barangdahar, ku Kang Deni diajak lungak-longok ka Pasantren.
Mimiti asup ka Aula tempat para santri diajar ngaji. Pantona aya ti
beulah hareup jeung ti gigir. Ruanganana mah meujeuhna keur ngariung 
mah. bisa nampung keur 200~300 urang mah. Da biasa dipake oge mun
keur aya kagiatan pasantren cenah.

Hareupeun Aula, pakaranganana keur diratakeun. 20 mobileun mah 
jigana cukup mun dipake parkir oge. Atawa mun rek nyieun panggung ge 
bisa. Kacipta mun ngayakeun panggung tuluy mintonkeun kasenian, 
jigana bakal rame. "Nu nongton mah pasti loba", ceuk Kang Deni teh.

Ti Aula tuluy ngalongok ka kobong Santri. Kobong teh pondok atawa 
kamar. Santrina keur ting garojod sarare. Aya nu ngarengkol, aya nu 
nangkuban, aya oge nu keur sanggetul. teuing mikiran naon. Ngan teu 
aya nu keur ngorong mah. Mun aya mah, rek dibaturan we, meh ngorong 
bareng. heu..heu..

Ieu Kobong teh mun boboran mah kosong, da barudak nu mondok ge ka 
lemburna sewang2an. Jadi mun HBH teh, bisa dipake keur ngagoler-
ngagoler bae mah. 

Tadina mah rek ngalongok oge kobong Santriwati,komo Kang Toni mah, 
meni merod. hi..hi..
"Tong siah...pamali", ceuk Kang Deni teh.
"Ih...ngarana oge surpei atuh, kudu apal ka jero-jerona...", keukeuh.

Masjid hareupeun Kobong oge lega. Kitu deui gigireun Masjid aya imah
adina Kang Deni. Mun boboran ge da kosong cnah. mahi keur reureuh 
mah. Dina perhitungan, soal patempatan keur HBH mah beres, ceuk 
kuring na hate.

Balik deui ka imahna Kang Deni, tuluy sarolat lohor. Geus rengse, ku
Teh Enung tuluy dihaturan ka jero Imah. Dahar...

Sanguna diwadahan boboko leutik. Lauk Emas baradag digoreng garing.
Lalab, sambel kecap jeung sambel tomat ngora. Tahu jeung tempe.
Oge aya goreng Asin jeung goreng jengkol. 
"Sok atuh geura kainyah, tong ditarempokeun wae atuh !", Kang Deni
ngamanggakeun, bari ngasongkeun boboko wadah sangu, tuluy diiderkeun.
sangu teh tuluy ditumpangan ku lauk emas, nepi ka teu kawadahan dina
piring ge. Tuluy dahar balakecrakan.
"Ah, ieu mah maturan we, da tadi tos ti ondangan..", ceuk Kang Deni
mimitina mah. Aya tilu kalina nambah deui teh, bari angger nyarita,
samemeh nyokot sangu teh, "ieu teh tos ti ondangan...". hi..hi..
Lauk emas teh meni ngerekes, nepi ka buntut2na erep. Komo kang Toni
mah, hulu lauk ge dibongkar, dikenyotan nepi ka imeut.

Rengse dahar tuluy neruskeun deui ngawangkong. Teh Imas mah jeung
Teh Enung, ngobrolkeun soal menu dahareun keur HBH. 
Kuring ngawangkong jeung kang Toni & Kang Deni. Ngobrolkeun soal
rek ngulem kang Ibing, Kang Miing jeung Mr. Robin, tukang sulap bari 
ngadongeng sunda tea. Keur ngareuah-reuah we.

Teu Lila, Buya Hasan, mertuana Kang Deni nyampeurkeun. Buru-buru 
kuring hudang tuluy sasalaman. Ahirna mah ngobrolkeun sagala rupa. 
Teu poho sasadu-papalaku, menta ijin rek numpang ngayakeun HBH 
diPasantren Keresek.
"Nya mangga bae...da sakieu ayana", kitu walonan Buya teh. 

Pasosore, bada Ashar, Salah sahiji santri, urang Batak, nerekel kana
tangkal kalapa, ngala dewegan. Cai kalapana diwadahan baskom plastik.
Kalapana ditarok, dibeulah dua, kalapa-na tuluy dikerok ku sendok, 
dikucuran ku cai kalapa tuluy diawuran gula beureum. Digalo-galokeun
dina batokna keneh. Hmmm...nikmat. Aya ku aneh. Padahal bieu tos 
dalahar, dewegan teh teu cukup hiji. Can nguyup caina.
Saminggu bae di dieu, bakal tambah bureuteu jigana beuteung teh.

Teu karasa, geus jam lima sore. Rengse beberes, tuluy pamitan ka 
Buya. memeh asup kana mobil, dipoto heula. hareupeun batok kalapa nu 
numpuk na meja. gigireun Aula, gigireun dapuran awi. Komo Kang Toni 
mah,dipoto bari sosorodotan.

Kang Deni jeung Teh Enung ge milu asup kana mobil, ngajugjug ka
Penginapan. Lain rek meuting ieu mah, tapi rek surpei deui. Aya 
satengah jam-na ka Wanaraja teh, da jalan-na goreng. Keur mah loba 
motor ting suliwer, papaureun nu mawa mobil, jadi rada lalaunan 
nyetiran mobil teh. Nepi ka Penginapan Layung Sari, di jalan 
Wanaraja Sadang, bus we asup.
Barang asup, kasampak restoran terbuka ngajejer gigireun setu 
buatan. daharna bari sila atawa emok. Ariuh ku tatangkalan, bari 
diunggal juru aya manuk anu dikandangan. Sorana rame.  Aya oge 
balong keur barudak ngojay, luhureunana aya sosorodotan jeung ayun-
ayunan. Beh ditu katingali aya cottage nu karoseri-na samodel saung, 
ngajejer dipipir setu buatan, aya leuwih ti 8 cottage. Mirip-mirip 
jeung di kampung sampireun mah. Da aya parahu sagala. Cocogna keur 
anu hanimun.hargana rada meujeuhna, 250 rebu sapeuting. Sa-cottage 
aya dua bed, tapi teu make ranjang. Mun rame-rame ge bisa keur 4~5 
kulawarga. Ngan watir mun mawa barudak mah. bisi tigujubar.

Teu poho diparotoan deui. Kuring nyobaan naek kana parahu, tapi 
barang rek hanjat teh, rada ngoleang geuning. Mun teu rikat muntang 
kana pager jajalanan mah, boa tiguling. hi hi..

Ti dinya balik deui ka Cibatu. Nganteurkeun deui Kang Deni jeung Teh 
Enung, tuluy pamitan. Ngajugjug deui ka Jakarta. Ti Garut teh kira-
kira jam 8 peuting. Dahar heulaanan dihareupeun pom Bensin, bisi we 
laper deui di jalan. Sapanjang jalan mah, angger ngobrol deui we.
padahal mah niat teh rek sare da tunduh. 

Keur kitu hape Teh Imas disada. Sihoreng Uwa Apih Siddik nalipun ti
Korea. teu lila nyarita jeung Teh Imas, hape dibikeun ka kuring.
"Uwa bade nyarios", ceuk Teh Imas teh bari ngasongkeun hape.
"Halooow ?", ceuk kuring ngagorowok. Hape didedetkeun kana ceuli.
"haloooow ", Apih leuwih ngagorowok
"Kunaon nya asa tebih kieu suarana ", ceuk kuring teh
"Duka, jigana mah cuacana ieu teh..", Apih angger jojorowokan.
Sora-na tambah teu jelas. "Naha nya ?", ceuk kuring na hate.
Na atuh ari ditempo teh, sihoreng hape-na ti balik. hi...hi..
puguh we jojorowokan ge. Euh..punten Uwa Apih. Sanes nyiksa ka 
kolot, da eta mah nyaanan teu dihaja.

Nepi ka Jakarta jam 11-an peuting, samemehna nurunkeun heula Kang 
Toni di pintu tol Cibitung. Keun we sina ngagorolong sorangan.

Tah kitu baraya sadaya, lalampahan ka Garut teh. Nu jelas mah hasilna
teh kieu :
- Tempat keur HBH atawa Pasanggiri mah geus muaannntaf. Cocog lah..
- Katuangan, diurus ku Teh Enung, istrina Kang Deni. Soal rasa mah
  moal cangcaya lah...
- tempat bisi aya nu bade mondok, di pasantren tiasa, dikobong santri
  tiasa.
- Bilih bade ka Penginapan, tempatna raoseun. mayar nyalira tapi..

Sakitu heula carpon-na, dipungkas ku Wassalamu'alaikum Wr. Wb.





-dul-
tukang wawar

Enbe : Poto-na mah engke nya...







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke