Baraya, Jadi inget ka lembur yeuh. Sarapan sangu sangray kejo poe, diguley jeung rendo cikur jeung uyah. Disangrayna make sangrayan taneuh, matak seungit melenghir, nu teu make minyak kalapa sagala rupa, bebas kolesterol. Pabeubeurang balik sakola, rek madang beurang. Kalacat naek tangkal selong, ngala selong ngora keur rujakeun deungeun kejo. Laukna, ngodok heula endog si borontok di pipir, endog kampung karek borojol tadi isuk.
Perkara lalab, urang lembur apal pisan, tutuwuhan naon wae nu bisa di lalab. Cenah mah aya kana ampir 40 rupana tutuwuhan liar nu bisa dikosumsi jadi lalab. Kompilasi 40 rupa lalab rumbah tutuwuhan liar meunang di sawah di kebon, diseupan dihijikeun, dicoelkeun kana sambel medok. Mangga geura cobian. salam, mh --- rusdi yunus <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Mangga kang abdi ge satujulah pami bek tu natur > ( dibacana ) urang nga mangfaatkeun alam sakitar nu > aya langkung mirah langkung sehat samalahmah biasana > langkung nickmat > > mangga cobian tuang ngangge hayam kampung > bakar ( bakakak tea geuning ) sareng sambel , > lalaban, sayur asem, asin jambal, tambihan krupuk, > sanguna di timbelken, tuangna di puncak atanapi di > lembang cukap di sisi jalan teu kedah di restoran. > milarian tempat anu aman komo pami di rencangan ku > bebenemah pasti langkung > NIIIIIICKMAAAT................. pastilah mangga > cobian atanapi sasarengan atuh sareng abdi. > > janten teu kedah gengsi - gengsianlah > > kuncen kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sabenernamah lamun rek disariplin rek > ngabaikot produk urang israel da gampang wae kieu > gera : > 1. kahiji ulah laloba gaya, soalna budak ngora > lolobana oge kolot geus ngariwud kana hakanaeun anu > datangna ti urang luar MEKDI HAYAM KETUKI, matak > naon lamun Ngadahar Hayam Ketuk Tilu Alias hayam > Kampung anu di goreng dadakan di Warung SUnda > ngeunah jeung murah ulah gengsi ku Merek da nu di > Hakan mah lain Merk tapi Dahareun. > 2. Lamun beuki Lalab kulit pasti alus beresih > tingali wae kulit urang sunda anu beuki lalab hade > pisan matak katelah Mojang Jajaka ti Priangan ( aduh > nu nulis ieu beukah sakeudeung irungna). Lain > Kahakanan HOTDOH HARBURGER geuning anu roti di > gulang gaper tea Angger war pan buktinamahj jerona > make dangdaunan. ngan aya leuwihna di bungkus ku > roti, padahal nyieun roti eta geulueh pisan, anu > ngadonanna guley ku kesang hiiyyyyyy. > 3. Inget Gengsi jieun pake nomer sabaraha da tetep > wae ari anu nomer hijimah KECAP. > 4. Ah kuringmah mani asa kumaha komo lamun > babasaan eta urang sunda mani hayang kumaha tapi teu > werat gera Ngomong GUA ELU tapi logat sunda > katinggali hayang gaya (atawa LOGAY) cobia gera > upami ku "SALIRA-ABDI" alah mani raos kana cepil > Tiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiisss jeung > Reueussssssss" > 5. Ajen diri ku beuli ku alami NATUR tea geuning > balik deui ka alam jeung kudu nyaah ka alam pasti > meunang gera urang muslimteh. > 6. DISIPLIN ku DIRIIIIIIIIIIIIIII Kana Produk Nu > aya di TATAR SUNDA "keun wae heula nusantaramah lega > ulah ngarawu ku siku di urang wae heula di TATAR > SUNDA. > > WILUJENG NYOBIAN ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

