Meser HP lir ibarat nu meser Televisi di bumi. Aya nu meser ukur
ukuran 14 inci, tapi aya oge nu meser sagede layar bioskop. Merk
jeung hargana oge rupa-rupa. Kitu deui nu meser mobil, aya nu meser
mobil Karimun, Kijang tepi ka mobil sedan anu mewah. Kumaha gaduh
artosna jeung oge karesepna. Cik urang emutan, salah henteu jalmi
meser TV sagede layar bioskop atawa meser Sedan mewah sanes Kijang
atawa Xenia? Ari ceuk kuring mah teu salah. Eta mah bade gengsi, bade
kabutuhan, urusan manehna sorangan, da artos-artosna nyalira. Lamun
barangna rusak atawa leungit manehna sorangan nu nanggung. Sareng
deuih, pan dina Islam oge urang ulah goreng sangka (suudzon) ka
batur, margi urang teu terang naha manehna teh meser hiji barang
kulantaran gengsi atawa ku kabutuhan atawa ku karesep? ngan nu
meserna nyalira anu terang ........
Upami HP dihubungkeun sareng sensor tsunami nu hargana hijina 1 M,
tangtos aya bentenna. HP mah dipeser tina pesak nyalira, ari sensor
tsunami mah pan nganggo artos nagara ...
Baktos,
WALUYA
--- In [email protected], "irpan rispandi" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Anu di sorot teh nyaeta "Karakter, sifat, kalakuan GENGSI-an".
> lain aktifitas jual meuli na.
>
> meuli seismograf atawa sensor tsunami, najan hargana ratusan rebu
dollar tur
> meulina ti Amerika, ari jang maslahat mah, loba jalma salamet, baeu
teh
> teuing.
>
> ngan palebah meuli nokia 6600 bari seken lantaran hayang GENGSI.
> Tah nu kitu anu ngadukung Israel teh.
>
> you got my point?
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/