Muhun Kang..mangga bade ngiring surpei mah..
eh ketang, ke we sakantenan Halal Bihalal-na nya..?
ke mah balongna sina di bedahkeun..
nya Kang Deni nya ? (bari ngalieuk ka Kang Deni)

-dul-

--- In [email protected], "riksanagara" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Kang Ndoel,
> 
> Mani pikaresepeun kitu eta survey teh, mun wasa mah engke upami 
> survey deui kuring mah dek ngiring,...keun we nangkel janten kenek 
> atanapi calik dina jojodog oge,....asal ka ajak we,...
> 
> Komo eta susuguhan tuang di Bumina kang Deny Suwarja (kang Deny 
> kumaha damang,...?),...mani pikabitaeun kitu,....kacipta goreng 
lauk 
> emas na anu rangu girinyih,...ari digegel teh ngadelewo,...aduna 
> sambel tomat ngora,....woooooow nganggo goreng jengkol,...anu 
> cakial,...matak seep kejo saboboko sareng kamerkaan ieu mah,....
> Kumaha duwegan na,...kacipata ngageleser kana tikoro,...nikmat 
pisan
> 
> Kedahna mah saparantos tuang teh,..ngalonjor di pipir 
> tajug,..handapeun dapuran awi,..sisi walungan alit sora seahna 
> tagkal awi,...nglicrik na sora cai,..angin leutik 
> ngahaliwir,......waaaah reup we,..tibra kerek nyegrek,...anu kieu 
> anu disebat full nikmat teh,..... kerek teh sajam weh,....pas 
lilir 
> teras nyuruput ci kopi lekoh dina batok kalapa,..gula na ku gula 
> kawung,...di tinggang ku goreng cau/ sampeu/hui boled,..bari 
> nyeuseup dji sam soe,..... 
> 
> Kang NDoel,..upami survey deui kuring ajakan nya,....
> 
> Baktosna
> 
> RN
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke