Wilujeng sumping di Kusnet kang Dedih,...mangga teras kalebet ulah isin-isin,...seueur urang sukabumi di dieu mah,...
Waaah raos nya gaduh damel di Oil/migas mah da pan ayeuna pangaos bengsin teh pan mani awis,... Upami di Bandung mah tos sering kapendak - pom bengsin anu takeran na dikirangan sapertos upami urang meser 10 leter mung lebet ka tangki bengsin teh mung 8-9 leter,.....kumaha tah tiasa janten kitu? kanggo anu awam sapertos kuring kumaha ningal bentenan pom bengsin anu takern na dikiranan sareng anu henteu? manawi we kang Dedih tiasa masihan kiat na - gas elpiji oge timbangan nana dikirangan ,..padahal pan ngango segel,.... Kumaha salresesna pangawasan ti pihak anu berwajib di migas? Baktos urang bandung --- In [email protected], Dedih Durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Nepangkeun.... > > Sim abdi Dedih Durahman, linggih ayeuna di Jakarta. Ari lemburna mah di Sukaraja, Sukabumi. Pun rama jenengan na Tateng Tadjwini, pensiunan guru/kapala sakola SD di Sukaraja teras kantos oge janten panilik TK SD di Palabuhan Ratu. > > Kapungkur abdi sakola di SD Langansari, SMPN Sukaraja sareng SMAN 1 Sukabumi lulus taun 1995. Saterasna abdi kuliah di UI Depok jurusan Teknik Mesin FTUI, alhamdulillah lulus taun 2000. Ayeuna abdi damel janten Inspektur nu ngawakilan Migas/GSDM marios peralatan-peralatan instalasi nu aya dina industri minyak sareng gas bumi. > > Upami aya nu wanoh ka abdi, mangga diantosan silaturahmina. Terutami kanggo lulusan SMAN 1 Sukabumi, kaleresan abdi oge janten moderator milis [EMAIL PROTECTED], mangga diantosan gabung. > > Salam, > DD > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > Next-gen email? Have it all with the all-new Yahoo! Mail Beta. > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

