Uing rek miluan eung, mun aya mah... apih Sidik biasana anu gaduh 
teh.
Aya teu pih? Abdi nyuhunkeun nya!


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "riksanagara" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Kahatur sadaya baraya Kusnet
> 
> Sinareng Hormat,
> 
> 15 taun kapengker simkuring kantos meser lagu sunda buhun 
> CACANDRAN,...dina format kaset mgangrupi degung rampak sekar...
> Mung aya rerencangan anu nambut tapi teu ngauihkeun dugi lapurna.
> 
> Manawi sareng manawi aya baraya kusnet anu gaduh versi digital na 
> (MP3/Real/WMF atanapi format anu sanesna), sim kuring bade mundut 
> bantosan na tiasa di kintunkeun ka simkuring.
> 
> Hatur nuhun sateuacan na
> 
> Baktosna
> 
> RIKSANAGARA
> &&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&&
> 
> CACANDRAN 
> 
> Cacandran para luluhur
> ciri bumi dayeuh pancatengah
> ciri dayeuh pancatengah
> lemah duwurna, lebak lengkobna
> tanah padataranana
> 
> Nagara wibawa mukti
> perlambangna congkrang kujang papasangan
> Yasana para Dewata teu sulaya dinyatana
> 
> Pasundan tanahna subur
> gemah ripah ma`mur loh jinawi
> gemah ripah loh jinawi
> gunung gunungna, cur cor caina
> makplak pasawahanana
> subur sugih pangebonna
> karaharjan mencar mawur kajauhna
> 
> nagri nanjung panjang punjung
> murah sandang murah pangan
> 
> Sunda surup kana tangtung
> sunda sieup ninggang kana wanda
> sieu ninggang kana wanda
> adeg adegna, budi basana
> teu nandakeun wawanenna
> 
> someah narima semah
> matak betah anu ngadon bubuara
> 
> taraebreh pangartina
> teu nembongkeun kabisana
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke