kang, pastina oge aranjeuna nu ngarurus YPJB garaduh sagala rupa program ngeunaan ngawangun jawa barat, ngan urang teu terang jeung meureun dina diumumkeunnana teu nepi ka rahayat. paling antar inohong wungkul.
dina henteuna gaduh program, piraku, pan nu ngurusna oge lain jalma jore2, ti jendral jeung pajabat atawa pangusaha jegud urang sunda atawa nu ngaku sunda. siga MS Hidayat, nu pupuhu kadin, aslina mah urang wetan ngan lami di bandung-ayeuna di jakarta. malah janten developer munggaran di bandung. Putraco teh nu anjeuna. BIP di jl. merdeka bdg, kapungkur mah nu anjeuna papatungan sareng om William (kapungkur bank Summa-Astra), babah urang/kalahiran Kadipaten, tah. haha
On 8/2/06, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
__._,_.___
Eta wae, kuring mah katarik ku namina yayasan
Pembangunan Jawa Barat. Saheunteuna panginten aya
"blue print" kumaha ngawangun Jawa Barat. Pangwangunan
di didieu dina hartos anu luas kalebet ngawangun seni
sareng budaya.
Ayeuna mah jaman era "good governance", transparansi
sareng akuntabilitas tea, atuh masyarakat ge kedah
terang naon-naon anu bade diwangun, supados
partisipasi ti masyarakat langkung rame. Pola pikir
sareng budaya siga kieu sakedahna mah janten hiji ciri
masyarakat ayeuna. Siga KUSnet salah sahiji contona,
hiji "rancatan" kanggo ngamasyarakatkeun naon-naon anu
kedah dibewarakeun ka balarea. Asana kirang maksimal
ngamangpaatkeun KUSnet pikeun ngajembarkeun pipikiran
balarea.
baktos,
mrachmatrawyani
--
geocities.com/mangjamal
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

