muhun, da kedahna ku sosoangan, soalna .. pami ku soang nyaan mah ripuh nalianana, gandeng deuih.. heu..heu...
-dul- --- In [email protected], "M. Apri" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Naha nya mun seserahan kitu bet kudu nyandak sosoangan sagala??? Aya sajarahna kitu, siga sajarah roti buaya ti betawi mun pas acara nikahan? asa panasaran, mun saupamina sosoangan digentos ku oontaan, aya nu protes moalnya? hehehe..... > > baktos, > apri > ps. ngiringan ngawilujengkeun kanu atos sareng nu bade milangkala, kuehna di attachment keun weh :D. > > ----- Ursprüngliche Mail ---- > Von: sr <[EMAIL PROTECTED]> > An: [email protected] > Gesendet: Mittwoch, den 2. August 2006, 12:20:43 Uhr > Betreff: [Urang Sunda] Adeng Suradeng > > Ieu mah ka ideuan ku dongengna apih Sidik, etang etang ngareuah reuah > milangkalana kang Rahmat sasih juli kalangkung oge milangkalana MJ 7 agustus > anu bade dongkap. Nambut tokohna ti epigramna MJ, > Adeng Suradeng tea.Mangga nyanggakeun Adeng Suradeng dina wanda keom > sakedap. Prung ah!. > > Aleutan nu seserahan ngaleut ngeuhkeuy ngabandaleut ngembat- ngembat nyatang > pinang. Rombongan panghareupna Adeng Suradeng, calon panganten tea, diapit > ku wadia baladna anu kenca katuhuna ngajaringjing koper. Leumpangna dangah, > lain dangah ngarah gagah bubuhan dipasieup ku stelan jas wang weng wong > tailor, tapi beuheungna asa ka eurad ku dasi lorengna anu nyangreudna nyekek > teuing. Rombongan kadua disambung ku para wanoja anu kenca katuhuna reuteum > naranggeuy bolu,pakean salengkepna tur dihias model sosoangan jeung > paparahuan, leumpangna diatur persis pasukan drum band waktu keur agustusan. > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

