Alah... resepna sigana raos oge..ngan  "noch niet
smoor zhengkhol"...langkung caket ka "zhengkol
boengboe konen" atanapi "rendang komando Sunda"...

--- Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> hih mairan mah teu aya di dieu. aya ge bioeti di
> dieu mah... haha
> 
> kang asep, panginten uyah-gula tos kasebatna ge
> selera, pan cek siska
> suwitomo ge tambihan uyah gula saselerana we..
> haha... teras resep ge pan
> selera sanes? resep nu dicemplungkeun bah surtiwa
> panginten ala anjeunna,
> ema simkuring ge lamun di ngadamel benten. bungbuna
> langkung euyeub, mun teu
> lepat mah kieu:
> 
> bahan:
> 
>    1. jengkol
>    2. cipati kentel jeung cipati encer
> 
> bungbu:
> 
>    1. bawang beureum
>    2. bawang bodas
>    3. muncang
>    4. cabe beureum
>    5. cikur
>    6. jahe
>    7. laja
>    8. daun salam
> 
> carana:
> 
>    1. kulub jengkol nepi ka hipu, terus piceunan
> kulumudna, kumbah sing
>    beresih, geprek sina meber.
>    2. rendos bawang beureum, bawang bodas, cabe
> beureum, cikur, jeung
>    muncang nepi ka lemes.
>    3. tumis bungbu lemes nepi ka seungit, gebruskeun
> jahe, laja jeung
>    daun salam, gebruskeun jengkol, galeykeun jeung
> bungbu terus asupkeun cipati
>    encer, uyahan gulaan, antep nepi ka cipati
> nyaatan jeung bungbu meresap
>    (halah poho sundana). bisa oge ditambahan kecap
> amis cap majalengka
>    4. geus saat asupkeun cipati kentel, tungguan
> deui nepi ka saat
>    (maksudna kuahna tinggal saeutik) jeung kentel
>    5. asak! leuwih apdul dipurulukan goreng bawang..
> 
> tah ieu mah ala si ema tapi sakainget kuring.
> 
> 
> dh
> halah naha jadi seurieus yeuh gara-gara jengkol.
> haha...
> 
> On 8/3/06, asep ahmad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >   Har ....naha teu di uyahan, teu di
> gulaan...sanes ngangge cipati oge?
> >
> > punten mairan
> >
> > **
> >
> 
> 
> 
> -- 
> ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> :.lembur deudeuh.:
> http://banjarasih.blogsome.com
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke