Aeh ..enya gening...eta di poin ka opat.....nya Bah, ari si kang Dudi bioeti teh saha tea atuh...heheheh? ari urang sunda mah masalah jengkol teh masalah perut....tah kade rupa2 kajadian bisa tumiba alatan "masalah perut"......heheheh
jadi jigana kudu seurieus .......meureun..
Perkawis jengkol deui ari resep mah nu mana wae asal raos moal di tolak upami bade ngintun ka abdi....
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
hih mairan mah teu aya di dieu. aya ge bioeti di dieu mah... haha
kang asep, panginten uyah-gula tos kasebatna ge selera, pan cek siska suwitomo ge tambihan uyah gula saselerana we.. haha... teras resep ge pan selera sanes? resep nu dicemplungkeun bah surtiwa panginten ala anjeunna, ema simkuring ge lamun di ngadamel benten. bungbuna langkung euyeub, mun teu lepat mah kieu:
bahan:bungbu:
- jengkol
- cipati kentel jeung cipati encer
carana:
- bawang beureum
- bawang bodas
- muncang
- cabe beureum
- cikur
- jahe
- laja
- daun salam
tah ieu mah ala si ema tapi sakainget kuring.
- kulub jengkol nepi ka hipu, terus piceunan kulumudna, kumbah sing beresih, geprek sina meber.
- rendos bawang beureum, bawang bodas, cabe beureum, cikur, jeung muncang nepi ka lemes.
- tumis bungbu lemes nepi ka seungit, gebruskeun jahe, laja jeung daun salam, gebruskeun jengkol, galeykeun jeung bungbu terus asupkeun cipati encer, uyahan gulaan, antep nepi ka cipati nyaatan jeung bungbu meresap (halah poho sundana). bisa oge ditambahan kecap amis cap majalengka
- geus saat asupkeun cipati kentel, tungguan deui nepi ka saat (maksudna kuahna tinggal saeutik) jeung kentel
- asak! leuwih apdul dipurulukan goreng bawang..
dh
halah naha jadi seurieus yeuh gara-gara jengkol. haha...On 8/3/06, asep ahmad <[EMAIL PROTECTED]com > wrote:Har ....naha teu di uyahan, teu di gulaan...sanes ngangge cipati oge?
punten mairan
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome. com
Groups are talking. We´re listening. Check out the handy changes to Yahoo! Groups. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

