Ari ceuk kuring mah, sabenerna usulan boikot jeung sabangsana teh,
lamun disikepan sacara positip, bisa mawa kahadean. Ajakan ngaboikot
produk luar, lamun diayunan ku cara ngagiatkeun produksi pituin bangsa
sorangan, hade pan? Mun bisa kitu, katahanan bangsa urang ge bisa
ngaronjat.
Conto bae masalah pakarang perang, kapan urang ripuh nalika
produsenna, alatan alesan pulitik, ngaboikot pasokan. Tah, mun peta
kitu diayonan ku ngahangkeutkeun & ngaronjatkeun produksi bangsa
sorangan, naon gorengna?
Jeung, tangtu, ngaboikotna ge bari make pikiran anu rasional, teu
"hantam kromo" atawa maen babad sagala ditolak.
Peta kitu ge perlu, pikeun nembongkeun sikep urang kana tingkah polah
batur. Ongkoh urang teh moyok kana sikep pamarentahan nagara2 arab nu
tara wani mungpang kahayang AS, tapi ari aya nu ngajak sangkan bangsa
urang sorangan bisa mandiri, kalah disebut gagah2an... heuheu...

On 03/08/06, surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ari abde mah sanes ..sok watir ari kanu kirang wawasan
>  teh...komo lamun urang US...pan kedahna ...jembar
>  manahna....luas wawasan....luhur elmuna...bijak kana
>  tindakan...karek kamari aya nu ngeposkeun eta sae
>  pisan 'prinsip urang Sunda' sae pisan. Tapi upami
>  hoyong gagah2an sareng supados kasebat militant tiasa
>  oge...
>  " Pokona ....boikot...wajib hukumna.... terus
>  boikot...seueur urang Sunda nganggur sareng bangsa
>  Indo sanesna bakal nganggur....pokona boikot
>  tetep...teu mungkin dilaksanakeun da hese boikot
>  teh...ah tetep boikot wae...teu asup akal eta
>  teh...tetep boikot....teu sadaya urang Arab
>  ngaboikot...ah tetep wae uing mah boikot....." Mun
>  kitu mah teuing atuh...hirup teh jang naon........

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke