Enya, kuduna mah aya tokoh siga Mahatma Gandhi, nu ngabaikot prodeuk Inggris, tepi ka pabrik tinun di Liverpool balalangkrut. Gandhi konsisten kanu sikepna, make pakean meunang ninun sorangan, hirupna sederhana, pakean ukur lawon disampaykeun, Sanajan waktu ngadep raja Inggris jeung keur usum tiris di Inggris.
Gandhi ditarurut ku urang India, sabab Gandhi hayang ngamerdekakeun bangsana. Jadi aya tujuan nu jelas, nu kaharti ku rakyatna. Tah nu jadi masalah di urang, salian henteu aya tokoh model Gnadhi, oge ari boikot ieu teh keur saha? tujuanana teu pati jelas. Malah nu keuna urang Indonesia deui, lain sasaha. Akhirna kecap "boikot" teh jadi cambal, ukur jadi bahan gogorowokan. Teu aya pangaruh nanaon keur balarea. Komo keur si Emang nu dagang Coca-Cola di sisi jalan gede mah, paling-paling oge ngomong :"Hih, Emang mah keur neangan rejeki nu halal, kunaon dagangan Emang kudu diboikot?" Baktos, WALUYA --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ari ceuk kuring mah, sabenerna usulan boikot jeung sabangsana teh, > lamun disikepan sacara positip, bisa mawa kahadean. Ajakan ngaboikot > produk luar, lamun diayunan ku cara ngagiatkeun produksi pituin bangsa Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

