Sami, abdi oge punten Ceu! Sae atuh ari teu kacandak ku sakaba-kaba mah...Ceuceu mah panginten tigin kas sepuh, sae atikan ti ibu rama! Rupina upami sadaya wanoja sunda kawas Ceuceu...moal aya panginten landian nu matak panas ceuli teh!
Sanes Ceu, dua sasih kapengker, abdi amengan sareng punanak yuswa 5 taun, istri, ka toko buku...pas turun dina tangga, punanak ngaharewos, "Abah, rambut eneng hoyong diwarnaan beureum", cenah bari ngalendotan! abdi asa nguping gelap tengah poe ereng-erengan! Alah...siah budak kakara 5 taun....kahayangna geus kitu! Abdi molotot...sibudak ngajangilek! Terus ku abdi diupahan da tetep nyaah...engke we atos ageung diwarnaan mah, ayeuna mah sae oge hideung kieu...da eneng mah langkung geulis oge rambutna hideung sareng panjang! Naha bet loba kasieun boga budak teh...
baktos,
bporenges
Mae West <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mae West <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Oh punten sanes maksad na hoyong ngabaluwengkeun, apan ari di holiwud mah seueur bintang pilem istri anu haroyongeun gaduh lambey na nyuriti atanapi kawas anu bareuh, sapertos lambey na Angelina Jolie. Cenah mah osok di suntik lambeyna ngango silikon, tapi ari emutan abdi mah eta teh ka olok2 artos, manawi aya cara anu ekonomis upami lambey hoyong jeding mah nyaeta di kitu tea...sina di kenyot ku caroge..punten ah! Sieun digebug ngango hoe koneng yeuh! Baheula oge keur leutik sok di gebug ku si embu da sok bangor: "maesaroh naha sia teh sok mahiwal ti batur, awewe awewe sok teterekelan kana tangkal jambu, engke labuh siah biwir sia jeding! mun naek deui di gebug engke yeuh! Heg ari bapa sumping damel wanci asar, si embu mah langsung ngadoni, tapi ari bapa mah ngan ukur molototan tara nga gebug.
brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Kayungyun upami kitu mah Ceu, muhun eta panginten nu sibat geulis bawa ngajadi, endah bawa ti kudrat teh palebah lamey mah!Tah palebah " kenyot -mengenyot" abdi poekeun...lebeng pisan!
Mae West <[EMAIL PROTECTED]com> wrote:Ari ngaran Mae mah lumrah urang sunda, "brother" Brad! Tapi da abdi mah tara make lippen stip, ceuk nini oge pamali eta teh, teu pantes cenah make halis palsu jeung di wedak kawas kesemek; janten upami biwir kuring amucuy teh eta mah manawi tos nguyup cuka anu lada sesa asinan bangkuang sareng bonteng. Lamun hayang boga biwir anu nyuriti abdi mah moal di suntik ku silikon, arek sina di kenyot we biwir abdi na ku kang West.
brad porenges <porengesbrad@yahoo.com> wrote:Mang,Bet ngabarakatak...maca biwir handap jeung biwir luhur dikaitkeun jeung kecap nyarande! Kecap-kecap beureum euceuy...na jadi emut kana kecap "amucuy"! " Aduh meni amucuy kitu.....deuleu!" dasar porenges!
mj <[EMAIL PROTECTED]com> wrote:mae west teh ngaran bentang film holiwud baheula.pastina gaduh lambe alias biwir seksi, da buktina, Salvador Dali, pelukis aliran citanduy, eh, Surealis, ngadamel sofamake rupa biwir mae west. paranti diuk, biwir handap, paranti nyarande biwir luhur.nya dinamian we, sofa mae west, beureum euceuy, sigana ti lipen setip tea.
Groups are talking. We´re listening. Check out the handy changes to Yahoo! Groups.
_____________________ _________ _________ _________ __
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Do you Yahoo!?
Get on board. You're invited to try the new Yahoo! Mail Beta.
Do you Yahoo!?
Get on board. You're invited to try the new Yahoo! Mail Beta. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___
- Re: [Urang Sunda] mae west brad porenges
- Re: [Urang Sunda] mae west Emod Morales

