Nepangkeun Wae West, sim kuring Emod. Kutan Mae West teh kantos damel di IIAPCO ayeuna damel dimana ?
Sim kuring kantos damel di IIAPCO, nanging ayeuna mah parantos "murtad" ti eta parusahaan.
Ngawitan sim kuring lebet mah namina teh Maxus Southeast Sumatra nembe gentos tina IIAPCO, teras Maxus-YPF, teras YPF-REPSOL, ayeuna CNOOC, leres kitu ?
Ti saprak namina CNOOC, sim kuring kaluar, keur mah pasilitasna janten awon.
Baktos,
Emod
On 8/2/06, Mae West <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sawangsulna Roro anu bageur abdi nepangkeun deuih, urang Sukabumi asli. Ayeuna teh keur nganjrek di Nevada. Baheula keur jaman Ibnu Sutowo abdi ngiring damel di perusahaan anu ngarana IIAPCO anu ayeuna jadi CNOOC---baheula teh damel di IIAPCO San Francisco. Panjang ari dongeng mah moal tungtas sapoe di papar keun na oge. Ari ka lembur mah puguh we nineung, komo ari ngadangu rujak bebek, sareng pencok hiris mah mani ngelay kabita. Ngan ayeuna mah Sukabumi teh langkung panas teu kawas baheula hawa na seger. Sakieu wae heula nya? Wilujeng.
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Nepangkeun Teh Mae…abdi Roro.Leres nami Mae mah lumrah kanggo urang Sunda, biasana nenehna tina Maemunah atanapi Maesaroh. Pami nu sok nga"gesek" biola, eta mah Vannesa Mae, siganamah meh Nyunda, biolana digentos ku rebab...heheh.Jaman kapungkur saur pun biang, margi teu acan aya lippen setip janten pami lambey hoyong beureum nganggo kertas gincu sapertos kertas krep jaman ayeuna, dibaseuhan ku cai tapelkeun weh kana lambey, meh beureum amucuy napelkeunana sadidinten…sigana nu nganggona kedah saum, da kumaha atuh teu tuang, teu eueut…diteureuy buleud siganamah …heheh.Ro2.>>> [EMAIL PROTECTED] 08/02/06 09:12AM >>>Ari ngaran Mae mah lumrah urang sunda, "brother" Brad! Tapi da abdi mah tara make lippen stip, ceuk nini oge pamali eta teh, teu pantes cenah make halis palsu jeung di wedak kawas kesemek; janten upami biwir kuring amucuy teh eta mah manawi tos nguyup cuka anu lada sesa asinan bangkuang sareng bonteng. Lamun hayang boga biwir anu nyuriti abdi mah moal di suntik ku silikon, arek sina di kenyot we biwir abdi na ku kang West.
Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
--
"THE EVIL THAT MEN DO LIFE ON AND ON" __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

