Innalillahi wa inailaihi rojiun....
Sim abdi sakulawargi ngiring bela sungkawa, mugia raka kang Cecep anu ngantunkeun ditampi iman Isalamna, dihapunten dosa sareng kahilafanana kalayan dicaangkeun tur dilegakeun di alam kuburna...ku Allah Swt..amin.

baktos,

"kkbm'69"



 
-----Original Message-----
From: [EMAIL PROTECTED]ps.com [mailto:gankleboy@yahoogroups.com]On Behalf Of Kang Ule
Sent: Thursday, August 03, 2006 4:41 PM
To: [EMAIL PROTECTED]ps.com; Babakan
Subject: [gankleboy] Neda Pidu'a na

Assalammualaikum Wr.Wb,
Innalillahi wa inna ilaihi rajiuun..
Sim kuring pribadi oge ti kulawargi anu jadi lanceuk neda du'a na ti para wargi sadayana.
 
dinten ieu tabuh 3 sonten nembe, lanceuk abdi anu istri ( no. 3 ) tos ngantunkeun ngadep uih deui ka Rabbna.
 
sim kuring oge asa kabentar gelap pisan, pantesan sadinten ieu teh asa ku laleuleus awak teh teu geunah hate teu geunah pikir.. geuningan anu jadi lanceuk nu geus saperti indung sorangan da ngilu ngurus abdi ti leuleutik, nganterkeun sakola jeung nungguan... anu ngadukung sagala cita cita abdi, anu nyaahna lir indung ka anak, matakan abdi sok nyebutna oge Mah Entin.
kantos diobrolkeun sareng Teh Tien ( Indung peuting ) da sami profesina janten guru
 
sakali deui, neda pidu'a ti baraya sadayana kangge pun lanceuk sadaya amal ibadahna, Iman Islamna ditampi ku Allah Swt, pon kitu deui sagala dosa dosana mugia dihapunten, dicaangkeun kuburna Amiin...
 
 
nu ngaraos handeueul teu tiasa nungkulan
 
Wassalammualaikum Wr.Wb,
 
Cecep


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke