----- Original Message -----
Sent: Thursday, August 03, 2006 4:41
PM
Subject: [gankleboy] Neda Pidu'a na
Assalammualaikum Wr.Wb,
Innalillahi wa inna ilaihi rajiuun..
Sim kuring pribadi oge ti kulawargi anu jadi lanceuk neda du'a na ti para
wargi sadayana.
dinten ieu tabuh 3 sonten nembe, lanceuk abdi anu istri ( no. 3 )
tos ngantunkeun ngadep uih deui ka Rabbna.
sim kuring oge asa kabentar gelap pisan, pantesan sadinten ieu teh asa ku
laleuleus awak teh teu geunah hate teu geunah pikir.. geuningan anu jadi
lanceuk nu geus saperti indung sorangan da ngilu ngurus abdi ti leuleutik,
nganterkeun sakola jeung nungguan... anu ngadukung sagala cita cita abdi, anu
nyaahna lir indung ka anak, matakan abdi sok nyebutna oge Mah Entin.
kantos diobrolkeun sareng Teh Tien ( Indung peuting ) da sami profesina
janten guru
sakali deui, neda pidu'a ti baraya sadayana kangge pun lanceuk sadaya
amal ibadahna, Iman Islamna ditampi ku Allah Swt, pon kitu deui sagala dosa
dosana mugia dihapunten, dicaangkeun kuburna Amiin...
nu ngaraos handeueul teu tiasa nungkulan
Wassalammualaikum Wr.Wb,
Cecep