aamiiin...

mugiya akang sakaluarga, anu aya di alam dunya boh anu tipayun 'mulang'
sing aya dina rahmat Allah SWT...


ngiring bela...

Kang Ule wrote:

> Assalammualaikum Wr.Wb,
> Innalillahi wa inna ilaihi rajiuun..
> Sim kuring pribadi oge ti kulawargi anu jadi lanceuk neda du'a na ti 
> para wargi sadayana.
>  
> dinten ieu tabuh 3 sonten nembe, lanceuk abdi anu istri ( no. 3 ) tos 
> ngantunkeun ngadep uih deui ka Rabbna.
>  
> sim kuring oge asa kabentar gelap pisan, pantesan sadinten ieu teh asa 
> ku laleuleus awak teh teu geunah hate teu geunah pikir.. geuningan anu 
> jadi lanceuk nu geus saperti indung sorangan da ngilu ngurus abdi ti 
> leuleutik, nganterkeun sakola jeung nungguan... anu ngadukung sagala 
> cita cita abdi, anu nyaahna lir indung ka anak, matakan abdi sok 
> nyebutna oge Mah Entin.
> kantos diobrolkeun sareng Teh Tien ( Indung peuting ) da sami 
> profesina janten guru
>  
> sakali deui, neda pidu'a ti baraya sadayana kangge pun lanceuk sadaya 
> amal ibadahna, Iman Islamna ditampi ku Allah Swt, pon kitu deui sagala 
> dosa dosana mugia dihapunten, dicaangkeun kuburna Amiin...
>  
>  
> nu ngaraos handeueul teu tiasa nungkulan
>  
> Wassalammualaikum Wr.Wb,
>  
> Cecep
>  






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke