Kang kum,

    Hatur nuhun waleran nana, salajengna ari elmu mha teu gaduh pangaweruh 
oge meni di batas pisan, naon atuh nya anu tiasa sim kuring
hatur keun kanggo ngamumule babakan ieu, kaleresan sim kuring insya Allah 
bade wangsul heula dina sasih january 2007, bilih aya anu di peryogikeun
di nagara kanguru ( anu teu aya di lebur ) sapertos " Softwares " atanapi 
anu sanes na, anu pasti tiasa ngabantos kana kamajengan ieu babakan,
hapunten sarebu hapunten sanes sim kuring aya maksad hoyong janten pahlawan, 
namung rumaos sim kuring teh hoyong tetep di angken janten
salah saurang baraya di ieu Kusnet teh, walaupun ( punten bingung bhs sunda 
na ) jarang ngometaran, margi sakumaha anu sim kuring serat wirehna
resep pisan kumargi asa cakeut tali duduluran sareng seu-eur manfa'atna, 
buktos na sim kuring parantos lami oge ngiringan di ieu milis, sanaos teu
patos akrab namung masih ngiringan mulungan elmu , sura-seuri tina sagala 
rupi seratan2 baraya sadayana.
    Sakali deui hatur nuhun ku pangangken na, sareng mangga di antos 
komentar na bilih aya anu di peryogikeun tanagi ti sim kuring.

Wassalam

    Nata
----- Original Message ----- 
From: "kumincir" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Friday, August 04, 2006 1:20 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Milangkala Web KUSnet


> Wa'alaikumsalaam w. w.
>
> Panuhun ka kadang wargi anu parantos ngarojong, boh tanaga atanapi
> du'a, kana kamajengan ieu proyek/ramatloka.
>
> Mun teu salah, dijieunna ieu loka teh mangrupa 'bukur' kongres
> (ngawangkong teu beres-beres) alias kopdar Kusnet, duka anu ka
> sabaraha, dina taun 2003 di bumina Ua Sas. Mimitina mah, saheulaanan,
> loka ieu teh ditujukeun pikeun ngarsipkeun/ngumpulkeun hasil paguneman
> urang sapopoe di ieu milis. Anapon harepan ka payunna, ieu loka teh
> dipiharep bisa dijadikeun loka utama anu ngawadahan sagala rupa
> embaran/pangaweruh dina hal Sunda, urang Sunda, kasundaan, pokona mah
> sadaya ngeunaan Sunda weh... heheh...
>
> Lintang ti harepan jeung angen2 anu luhur eta, dina prakna mah aya wae
> hahalang teh, boh dina segi tehnis, oge nontehnis, sahingga kamekaran
> ieu loka masih teu acan optimal. Alesan anu utama mah taya lian
> kumargi rengrengan pangurus teh gaduh kasibukan sewang2an.
> Bungkeuleukanana ieu loka ayeuna teh, ceuk kasarna mah, hasil tina
> salingkuh para pangurusna. Salingkuh, da memang dipigawena teh nyelang
> tina kasibukan gawe masing2. Boro-boro dibayar, ieu loka teh
> dikokolakeun ku para sukarelawan. Nuhun pisan ka Kang Eko salaku
> pupuhu alias pimpro, anu salawasna miara 7 ngokolakeun ieu loka. Cenah
> mah baheula kungsi nepi ka komputerna ngebul... Heuheu... Duka pedah
> lila teui dipake, duka pedah dibubuy...
>
> Perkawis ilubiung sumbang tanaga, simkuring ngawakilan pangurus moal
> weleh ngahiap2 ka sadaya wargi, boh anu bade sumbang tulisan atanapi
> pangrojong tehnis dina ngararancang ieu loka.
>
> Sakitu heula bae ti sim uing mah, harilap deui pipokeun... heuheu...
>
> On 03/08/06, S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> Assalamu'alaikum wr wb
>>
>> Sinareng hormat ka para : Kuncen sareng ka anu  bersangkutan.
>>
>>         Sim kuring oge  ngiring bingah tur ngarojong kana sagala rupi anu 
>> di rencana ku situs ieu, margi  kahartos sareng seu-eur
>> pisan pulunganeun nana, sim kuring rumasa teu patos sering  andil dina 
>> widang ngomentaran, margi asa ararisin upami teu di
>> taros mah, namung  upami aya anu peryogi mah ku  tanagi , sim kuring 
>> insya Allah siap ari masih keneh mampu mah
>> nagbantos dina widang naon wae.
>>          Danget  ieu mah iwal ti ngarojong ku du'a wae ti katebihan 
>> sangkan web ieu aya dina  kalancaran sareng aya manfa'at na
>> kanggo urang sadayana, amiin yaa robbal  'alamiin.
>
> -- 
> sikandar
> kumincir.blogspot.com
> www.urang-sunda.or.id
> su.wikipedia.org
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
> 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke