nedunan kang Brad, ieu aya reresensian buku Nu Maranggung Dina Sajarah Sunda --------
Resensi buku, Nu Maranggung Dina Sajarah Sunda Edi S Ekadjati, Pusat Studi Sunda, PT Kiblat Buku Utama 2006 Kandel 147 kaca Buku nu dipanganteuran ku Ajip Rosidi ieu dipedalkeun/lauching dina 40 dintenan pupusna Prof. Dr. Edi S Ekadjati. 16 tulisan ngeunaan nu maranggung dina sajarah Sunda yasana Prof. Edi S Ekadjati dina buku ieu sateuacana kungsi dimuat (basa Ajip Rosidi mah diumumkeun) di majalah Cupumanik. Nilik judulna, tangtu ieu buku eusina mangrupa pedaran ngeunaan tokoh atawa lembaga nu boga ajen sajarah enggoning nanjeurkeun Sunda. Mimiti ti legenda, nu ku Edi disebut Alam Prasejarah-nu kapilih teh Sangkuriang- tug nepi ka Ir. Juanda (1911-1963). Lengkepna 16 judul buku eta: Sangkuriang jeung Alam Prasejarah Tarumanagara Anu Jadi Wiwitan Citraresmi Belapati Wastu Kancana (137101475): Raja Sunda Sri Baduga Maharaja Ki Tapa : Pahlawan ti Banten Bagus Rangin : Pahlawan ti Cirebon Raden Dewi Sartika (1884-1947): Ngadegkeun Sakola Kabinangkitan Wanoja Sekar Rukun: Ketakna Nonoman Sunda Propinsi Pasundan Iwa Kusumasumantri: Dina Pulitik, Dina Cinta Gan Ema: Sagala Keur Sunda Hizbullah Cirebon Kongres Pemuda Sunda: Eunteung beureum nu jadi marga Pa Oto IR. Juanda: Tehnokrat Utama Dina bab Kongres Pemuda Sunda Eunteung Beureum nu Jadi Marga dibuka ku: Teungteuingeun eunteng beureum Keretas daluang Cina Teungteuingeun deungeun-deungeun Neken teh kabina-bina Harita tatar Sunda keur keuna mamala, loba urang sunda dianggap co (pro walanda, akibat ayana RIS tea, aya Nagara Pasundan nu cenah jieunan Walanda), terus gorombolan Kartosuwiryo nu ngagalaksak padesaan, jeung sajabana. Hayang kuliah, kudu ka Jakarta atawa Yogya, da ITB mah ngan ukur diajar teknik, jaba pikeun pamuda sanusantara. Antukna dur der pamuda singkil, Sunda nyarieun wadah, daya sunda, damas,sunda budaya, nonoman sunda, putra sunda, jsb. Sangkan teu aing-aingan, nya sawatara organisasi nu anggotana kolot, ngahiji dina wadah Badan Musawarah Sunda (BSM), pupuhuna Mr. Iwa Kusuma Sumantri (Mr teh ayeuna mah SH). Organisasi pamuda, gabung dina ngaran FPS, Front Pemuda Sunda. Gagasan Kongres Pemuda Sunda datang ti Ajip Rosidi, harita Ajip masih keneh budak satepak nu umurna karek 18 taun! Sababna harita aya pamflet nu ditawis Adeng S. Kusumawijaya minangka ketua FPS jeung Ajam Syamsupraja minangka sekjen. Eusi pamflet teh garihal pisan, eusina ngiritik, malah nyarekan pa pimpinan PNI Jabar, presiden Soekarno jeung urang Jawa. Gara-gara pamflet FPS eta, urang Sunda jeung Sunda deui silih salahkeun, parebut bener. Kusabab kitu, Ajip ngusulkeun ngayakeun Kongres, sangkan puguh naon nu ku urang dipikahayang. Imah munggaran nu jadi tempat riuangan di Jl. Salatiga Jakarta, bumina Letnan Kolonel Akil Prawiradirdja. Panitia kongres dipingpin ku RAF. Kongres Pemuda Sunda diayakeun di Bandung 407 Nopember 1958 di hotel Orient, jl. Asia Afrika-ayeuna hotel eta geus sirna. buku ieu kaitung perlu jeung penting pikeun urang nu hayang apal lampah kolot urang sunda baheula, boh dina sajarah sunda sorangan oge dina sajarah nagara. mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

