He he Adeng Suradeng deui yeuh Muhun abdi ge aya pikiran endingna digorobaskeun kadinya Ngan melankolis teuing, janten klise gampil katebak Sense of heureuyna teu aya, endingna dipajaratan mah sapertos rahasiah illahi he he. Hatur nuhun kang Rahmat tos ngiring mikiran nasib si euis bahenolwati he he.
Saleresna mun dipanjangkeun lalakona mah, sinopsisna jiga kieu : Disatengahing jalan, Adeng Suradeng ngadadak lilir, langsung hariweusweus nyarita yen sajeroning kapaehan teh manehna ngimpi dibere alamat lemburna si euis tea ku hiji aki2 pas dibejakeun ka baladna, sihoreng alamat teh mun dijugjug mah salembur deui tinu tadi, nya ahirna diputuskeun nu seserahan baralik deui nuju ku alamat eta. Nepi kanu dituju enya we sora degung geus ngungkung. Ngan edas aya aya we sesekelanana. Ti kajauhan katingali aya rombongan nu seserahan oge, nuju katempat eta. Sarua ka si euis oge. Antukna silengser bingung nek mapag nu mana. Ningali kitu Adeng Suradeng kontan huntuna kekerot panona munelik kitu oge sainganana. Sabalikna si euis mah kalem2 wae malah ngutus salasaurang titah nyatet naon naon wae nu dibawa ku calon panganten lalaki. Dasar si euis matre, satadina nu punjul bawa bawaanana eta nu rek ditarima ngan hanjakal hasilna drow, dua duana sarua lobana. Si euis mimiti koleng piraku nek ditarima dua duana. Nya ahirna diputuskeun titah suten lima kali rintakan. Edas deuih hasilna drow. Si euis teu eleh geleng. Ahirna calon panganten titah silih gere irung ku bulu hayam nu pangheulana beresin eta nu eleh tur kudu buru2 nyingkah titempat eta kalawan babawaanana teu meunang diringkid deui. Beu aya kukitu nya carita he he. sr ----- Original Message ----- From: "MRachmat Rawyani" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Monday, August 07, 2006 3:06 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Adeng Suradeng > Aya bagian nu kirang kang SR. > Kedahna mah sakali jang Adeng Suradeng teh mapay > lembur dugi ka panungtungan lembur. Di panungtungan > lembur eta teh aya tanda-tanda tempat "pasamoan" > sareng Euis Bahenolwati, nyaeta di handapeun tangkal > kaboja tea, alias pajaratan (tapi 'ending' siga kieu > mah klise nya?) > > baktos, > mrachmatrawyani Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

