Duka upami kitu mah, mung upami Epigram aya numpuk! Sumuhun tadi na mah...bade ngagembol lima siki mah da maksad teh bade ngabagi ka rerencangan kaleresan aya acara ngadodol. Mung panginten teu acan rejeki abdi...janten teu kapendak, parantos eta oge ditaroskeun sareng dipilari dina database mung teu acan kacatet duka panginten salah ngalebetkeun kecap koncina atanapi memang leres teu acan aya.
 
Wios lah, engke upami ka Bandung bade ka gramedia.... isin pesen ka mang Jamal teh, karunya deuih capeeun sakitu ungkag-ingkigna, padahal kakara wawuh munding! Abdi wawuhna...hehe
 
Ngadodol na mah cios....mung rada ripuh abdi, da putuna eyang Geusan Ulun sareng putuna eyang Sultan Tirtayasa papada alim eleh geleng! Nembe repeh sasat dibekem, cekeng teh, "ari maraneh teu era ku uyut euy!"
 
Naha ngadodol wae ieu teh? Sae atuh ari laris manis tanjung kimpul mah? Ngangge asihan naon? Sileugeut teureup atanapi Semar Guyang? Diduakeun we sing langkung seueur sareng euyeub ide seratanana oge nu dibukukeun!
 
baktos,
 
brad (udud kawung make padudan....tong nyindir kang ridwan!)

sr <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Brad,
Saleresna iber aya digramedia mtm teh di sms ku kiblat (penerbit tea)
Saurna aya di digramedia atanapi di kiblat
Duka da abdi ge teu acan luha loho kadinya, boa enya nyempod keneh digoah kitu.
Ari di gramedia bdg saur ki balad mah tos aya, malihan saur MJ mah sikeom teh
nuju kuam keom di pameran buku braga. laris cenah. da menyan jermanna
sudah dipulurukeun kalayan nerap heu heu...
 
Kang Brad janten ngaborong lima sanes, koling MJ we atuh. 
 
sr ( sok ngaroko sakapeung, mun diroko tilukapeung )
 
----- Original Message -----
Sent: Monday, August 07, 2006 5:29 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Adeng Suradeng-keom sakedap

punten kamari luho-loho ka gramedia matraman, tapi keom sakedap teu kapendak duka nyempod dimana nya?
 
haturnuhun
 
brad


Do you Yahoo!?
Next-gen email? Have it all with the all-new Yahoo! Mail Beta. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke