Kang Emod, bade tumaros. 1. Satelit Geostasioner, naha aya umuran, misalna satelit palapa umurna mung 8 tahun(upami teu lepat). Naha ? Kunaon teu "stasioner" terus-terusan, atanapi teu ragrag ragrag ka laut; kunaon teu cicing we di awang-awang. 2. Osok disebutkeun yen bulan oge ka asup "satelit" bumi, naha bet teu katarik ku bumi, janten naon anu nyebabkeun "jarak" antawis bumi sareng bulang angger wae (naha enya angger?).
Hatur nuhun sateuacana. Salam Baktos ti urang bodogol --- In [email protected], Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > SATELIT > Orbit ieu motong equator, jeung jauhna ti dunya 35.800 Km. Satelit anu aya di orbit ieu ngulilingan dunya sarua jeung muterna dunya, kusabab eta orbit ieu disebut oge orbit geostasioner. > > Kusabab revolusi satelit sarua jeung muterna dunya, jadi orbit ieu cocog pisan pikeun satelit komunikasi anu bisa lumangsung 24 jam. > > Orbit ieu loba dipake ku satelit komunikasi domestik jeung internasional saperti ; PALAPA, INTELSAT, ASIASAT jeung sajabana. > > Dina sisitim Intelsat, supaya ngahontal kasakabeh alam dunya, kusabab eta Intelsat ngabagi jadi tilu wewengkon, nyaeta ; Pacific Orbit Region, Indian Orbit Region jeung Atlantic Orbit Region. Hal ieu anu dimaksud dina rekaan Arthur C. Clarke. > > POR : Ngahontal wewengkon Asia, Amerika, Australia > IOR : Ngahontal wewengkon Asia, Afrika, Eropa > AOR : Ngahontal wewengkon Eropa, Amerika, Afrika > > Endonesia di tenjo tina geografisna bisa kahontal ku satelit POR jeung IOR Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

