|
Aya dongeng yeuh... punten nganggo basa cohag...
Mun teu salah mah kajadian ieu kira2 taun 1998an. Harita
kuring rek nyokot kaputeun di tukang ngaput di daerah Kopo Permai. Maklum karek
diajar naek motor, SIM-na ge can boga, nekad we numpak motor itung2
ngalancarkeun tiditunamah. Bae ah poe Minggu ieuh, isuk keneh deuih, Pulisi-na
ge parere meureun
barinage moal ka jalan gede rek nguliwed ka bah tukang
pikir kuring jero hate. Geleyeng weh make motor bari jeung rada ndut-ndutan,
maklum pabaliut keneh ngoperkeun huntu
eh, gigi.
Jol ka jalan cagak (pertigaan) kuring mengkol ka katuhu.
Priiiiiiiiiitttttt
.! Sora piriwit meuni ngajelengeng. Wilujeng enjing, Bu.
ceuk Pulisi teu kanyahoan rada nyumput di bah kidul. Wilujeng enjing, Pa. ceuk
kuring bari ngahuleng, teu ngarti salah naon. Ibu, teu ningali tanda teu
kenging mengkol ka katuhu langsung? ceuk manehna deui.
Oh, punten Pak teu katingali. Kieu we, ibu ngiring sareng abdi ka pos. Mangga, Pak ceuk kuring bari rada hemar-hemir da rumasa boga dosa (teu boga SIM). Direret ku juru panon ka bah tukang ngaput,Sebeleun! Tukang ngaputna oge nutup deuih!Dasar apes kalahka ditewak ku Pulisi! . kuring kukulutus jero hate. Nepi ka pos, manehna nyokot buku tilang,Tiasa ningali
SIM-na?.
Walah kiamat ieu mah!!! Ceuk kuring jero hate. .Mmmm punten Pa, numawi ieu teh kakantun di bumi ceuk kuring ngabohong. Ari bumi Ibu dipalih mana? Caket, di komplek Margahayu Saliwat aya pikiran, sigana ieu Pulisi rek menta damai. Duh, mangkaningan teu mawa duit, da tadi rek ka ATM heula samemeh ka tukang ngaput. Kieu wae, Ibu ku abdi ditilang, tapi kedah aya SIM-na heula. Duh, kumaha atuh Pak? Abdi teu nyandak artos sapeser oge, pami ngantunkeun ieu motor. Nya teu langkung Ibu, pokonamah Ibu ditilang. Bakat ku teu kapikir ku kuring kudu kumaha, bener2 siga nu keuncleung Kieu we atuh Pa, kumaha pami mayarna nganggo ATM Punten, Bu didieu mah sanes supermarket, teu aya mesin kanggo ngagesekna hehehe ceuk Pulisi bari nyerengeh. Kuring beakeun akal, duit teu mawa, henpon can boga
haritanamah. Duuuuhhh
.kumaha nya?
Tungtungnamah nawar deui, Kumaha Pa pami KTP abdi ditahan heula ku Bapa, abdi bade uih heula sakedap nyandak SIM. Pulisi rada ngahuleng sakeudeung, bisi dibobodo meureun Mangga, atuh. Pami Ibu teu aya wae, ke ku abdi disusul ka bumi nya. Datang ka imah, kuring neangan adi kuring nu awewe, kasampak
keur nyikat sapatu dinesna.Walah, cilakaaa
tulungan euy!Urang ditilang pedah
teu boga SIM, KTP urang ditahan!
Ih, ari maneh tara puguh, cik atuh dongengkeun heula!. Tembal adi kuring semu keuheul da direureuwas. Derekdek didongengkeun kajadian tadi teh. Heug, dibantuan ayeunamah tong sakali-kali deui nya, era urang mantuan nu salah! Ceuk adi kuring bari siga nu ambek. Eh, maneh dines didieu geuning
?! ceuk adi kuring bari
sasalaman.
Sugan teh saha? Meuni pangling euy! ceuk Pulisi nu nilang kuring. Sihoreng adi kuring wawuh ka manehanana
teh....
Hehehe tungtungnamah ngarobrol we meuni uplek.Matakna Teh, kedah gaduh SIM, jig kamana-mana oge bebas teu sieun ku Pulisi. Untung kanu kenal sareng kaayaan nuju tiiseun, pami nuju rame mah picilakaeun wungkul, sareng moal aya hampura! Cek batur kuring mapatahan. Tiharita adi kuring mbung mun dititah menta tulung kanu teu
bener,Era ngamangpaatkeun pagaweanana ceunah, barinage ayeunamah dinesna jauh
di Jawa Timur
heheh.
ro2.
Re: [Urang Sunda] Tawisan Usaha ?-> Teu gaduh SIM hehe teh roro mah bbisaeun euy..
__._,_.___
lain teh kuring da' da timimiti di ajar make motor teu boga sim ayeun oge mun ditewak pulisi sok ngaluarkeun kartu Pramuka Bhayangkara geuning eta kartu teh laku oge di jakarta ukur ditanya.. saha kapolres nu ayeuna komo di garut mah.. mun nempo kartu eta ceuk pulisi teh langsung ngomong " jung buru atuhhh...." kitu we wungkul heheheh Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
__,_._,___ |

