Teh Netta, Nuhun kana waleran sareng patarosanana. Asa kantos aya artikel nu ngabahas perkara bahasa di wewengkon Cirebon sareng Banten. Upama teu lepat nu nyeratna baraya urang wetan. Numutkeun eta artikel, bahasa wewengkon Cirebon sareng Banten teh, saurna ngarupakeun dialek basa Jawa. Tah, ari sim kuring mah aya pamadegan lain, bahasa wewengkon Cirebon sareng Banten teh bade diaku salaku dialek basa Sunda. Nyaeta basa wewengkon tatar Sunda tea. Sugan we kaci nya.
Upama nitenan wangkongan di ieu milis, sok aya mucunghul pamendak yen basa wewengkon Priangan cenah jiga ngadominasi basa wewengkon sejenna. Kurang leuwih, meureun maksudna, basa wewengkon sejen jiga kamomorekeun. Utamana pikeun basa nu diajarkeun di sakola. Nu katinggal ku kuring, kahayang supaya basa tiap wewengkon sejen bisa mekar sajajar jeung basa wewengkon priangan teh, tacan sajalan sareng tarekah nu aya. Paling henteu tiasa dititenan misalna, kurangna sumber tinulis nu migunakeun basa wewengkon salian ti basa priangan. Boh mangrupa buku, koran, majalah, oge bahan tinulis lainna. Janten ideuna mah, serelek sim kuring teh hoyong ngiring diajar naratas ngajembarkeun basa Sunda wewengkon sejen supaya tiasa dikenal ku balarea. Tah pikeun ieu maksud, nya dimimitian ku narjamahkeun bahan nu aya kana basa Sunda, dina wanda dialek basa wewengkon Tatar Sunda nu aya: Prainagn, Banten, Cirebon, sareng nu sejenna. Upama leukeun, sanes mustahil, urang baris tiasa ngadokumentasikeun artikel diana pancaragam dialek basa Sunda. Salam, MH --- netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten Kang, abdi bade tumaros heula naha nu > dimaksad > ku Akang teh Basa Sunda dialek Banten-Cirebon > atanapi > Basa Jawa Dialek BAnten-CIrebon. Soalna, penduduk di > BAnten oge Cirebon sanes mung Urang Sunda wungkul > tapi > aya Urang Jawa. Urang Jawa di Banten sebagian besar > menempati daerah Serang. Aya dua pendapat ngeunaan > Urang Jawa Di Banten, Ka hiji. Urang Jawa teh dugi > ka > Tatar Sunda pas aya invasi Sultan Agung ti Mataram > ka > Batavia. Kadua, Urang Jawa di Banten teh nyaeta > Urang > Kerajaan Surosowan. Ditingal tina dialek, Basa > Jawa-Banten teu benten tebih sareng Jawa-Cirebon, > sehingga alasan nu kadua langkung masuk akal. > Ari Jawa-Cirebon mah,Saur Babad Cirebon, > mangrupakeun > hiji komunitas pendatang ti Jawa Wetan, anu > lami-kalamian melakukan akulturasi dengan budaya > Sunda > sehingga timbul budaya Jawa nu kapangaruhan budaya > Sunda. Misalna vokal o digentos ku vokal a, ono=ana, > kulo=kula, ojo=aja, teko=teka, > pringgondani=pringgandani,opo=apa, sego=sega, > purwo=purwa, loro ati=lara ati, jst. > Ari basa Sunda dialek Banten-Cirebon mah ilaharna > disebat Basa "Wewengkon" tea. Basa Sunda ieu teu > benten tebih sareng basa Sunda umumna, namung aya > sawatara basa nu khas. Sapertos > "teoh"=landeuh,"kaenda-endi"=kamana-mendi,"disebat"=dipotong, > Oge Urang Sunda-Baduy mah teu wanoheun kana Basa > Sunda > lemes, Da teu kapangaruhan ku Budaya > Priangan-Mataraman. > Nah, kitu sakaterang abdi mah, punten upami aya > kalepatan, urang silih lereskeun wae. > By the Way,Idena sae oge. > --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Baraya, > > Keur ngareuah-reuah bulan kamerdekaan, urang > diajar > > narjamahkeun yu. Urang mimitian, narjamahkeun > naskah > > proklamasi kana basa Sunda. > > > > Ka baraya urang BANTEN sareng CIREBON, cing > bantuan > > kuring, pang narjamahkeun naskah proklamasi kana > > dialek BANTEN sareng CIREBON. > > > > Salam, > > mh > > ===== > > > > PROKLAMASI: > > > > Kami bangsa Indonesia dengan ini menjatakan > > Kemerdekaan Indonesia. > > > > Hal-hal jang mengenai pemindahan kekoeasaan dll. > > diselenggarakan denga tjara saksama dan dalem > tempo > > jang sesingkat-singkatnja. > > > > Djakarta, hari 17 boelan 8 tahoen 1945. > > > > Atas nama bangsa Indonesia. > > > > Soekarno/Hatta. > > > > ======= > > PROKLAMASI: > > > > Kami bangsa Indonesia mertelakeun Kamerdekaan > > Indonesia. > > > > Hal-hal nu tumali jeung mindahkeun kakawasaan jll. > > dilaksanakeun kalawan saksama jeung dina waktu nu > > sasingket-singketna. > > > > Jakarta, poe 17 bulan 8 8 tahun 1945. > > > > Atas nama bangsa Indonesia. > > > > Soekarno/Hatta > > > > > > > > > > ===== > > Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ > > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, > Koropak] > > > > __________________________________________________ > > Do You Yahoo!? > > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > > protection around > > http://mail.yahoo.com > > > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > protection around > http://mail.yahoo.com > > > ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

