ari nu awam mah kieu geuning...he..he...he...
ngan kieu mang J.
babaturan kuring, hirup di tempat kost. nya kitu sesuai jeung kabutuhan. desain interiorna modern, pleus barang-barang modern.
keur mah budakna konsumtif deuih.
tapi tetep we katarajang tipes, mun teu kitu liver.
memang loba faktor anu mangaruhan kondisi jelema.
tapi kumaha lamun faktor anu loba eta teh, hiji-hiji dibebenah, dibenerkeun.
Salah sahijina masalah tempat tinggal.
Yakin lah arsitek mah tangtu saeutik gede nyaho kana elmu Feng Shui.
(di sunda aya teu nya elmu saperti Feng Shui ?)
Feng Shui teh, rek disebut mitos bae, rek disebut "jadul" kajeun. Ngan nu jelas, elmu Feng Shui teh praktekeun di ampir sakuliah dunya.
Di Yunani, Mesir jeung suku Ainu di Jepang. maranehna ti jaman baheula, geus mraktekkeun elmu sarupa jeung Feng Shui, najan meureun disebutna beda.
Di Jawa (barat?), aya caturangga atawa macapat.
Jalma baheula tangtu aya tukang mikirna, aya jalma anu pinterna. moal mungkin maranehna bisa nyiptakeun elmu samodel Feng Shui, lamun euweuh gunana.
Sanajan enya, ku pola pikir baheula, kadang kala Fakta teh dicampur jeung mitos.
Jadi leuwih hade siganamah, lamun tempat cicing urang teh, harmonis tina sagala segi, boh arsitekturna, boh Feng Shui na.
lain kitu ?
On 8/9/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
haha. golden golden kitu teh tos rada antik. ayeuna mah -cara modern
meureun- ukuran rohangan teh dumasar kaperluanana nu patali jeung cara
urang hirup. ari ngawanguna mah nya sakamampu sakadang duit.
contona kieu, kamer kos msiswa ekonomi jeung arsitektur, sacara teori mah
legana atawa gedena kudu beda. sabab kamer kos msiswa arsitektur mah
salian ti kudu mahi pikeun kabutuhan standar msiswa-kasur single,
100x200cm, lomari pakain dua panto, meja tulis/komputer & rak buku,
meureun kudu mahi atawa kudu aya tempat pikeun meja gambar. msiswa ekonomi
mah teu perlu meja gambar. faktor aktivitas-fasilitas nu jadi ukuran
standar modern mah.
pon kitu deui kamar msiswa pertanian, meureun dikamerna kudu aya kebon
atawa sawah percontohan. kamar kos msiswa peternakan, kudu boga rohangan
pikeun sapi hiji mah. haha
mj
http://geocities.com/mangjamal
> Euh aing mah, meni pedit.... he..he..he..
> iraha atuh urang bisa ngawujudkeun "Knowledge based society" ?
>
> kuring ge saeutik-eutikeun boga gambaran ngeunaan eta.
> dina buku anu keur di baca ku kuring ayeuna, najan lain ngabahas
> arsitektur
> oge.
> bukuna : "architec of deception, secret history of freemasonry", karangan
> Juri Lina, urang Estonia.
>
> ari maksud kuring nanya teh sabenerna mah, nyaeta,
> meha urang babakan kusnet nyaho,
> bangunan anu nganut asas perbandingan "Golden Mean, 1:1,618" alus jang
> jelema anu nyicingan nana.
>
> susuganan, lantaran hirup dina bangunan anu harmonis secara
> arsitektur, sifat jelema na oge jadi hade.
> engkena, sagala hal anu di hasilkeun ku eta jelema, tangtu hade jeung
> mangpaat.
>
> kitu tah, mang J, maksud kuring teh.
>
> Sok baraya geura neangan literatur ngeunaan "Golden mean 1:1,618".
>
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

