Enya lah, rek ngaroko oge mangga, tapi nu alus mah teu ngaroko. Bako dipelak ku para patani di urang, malah jadi sumber kahirupan. Patani di Garut jeung Tanjungsari Sumedang unggal taun melak bako kitu deui di daerah sejen. Di Madura jeung di Jawa Timur (daerah Tapal kuda), bako mangrupakeun komoditas utama. Ku penting-pentingna bako, kungsi kabejakeun di hiji desa di Madura aya carok, antara mantan lurah jeung lurah nu keur jumeneng, rebutan lahan desa (tanah carik), kulantaran lahan eta ngahasilkeun bako kualitas hade. Urang Sunda oge teu tinggaleun nganggap penting bako, tepi ka aya istilah "ngadu bako". Cik aya nu terang riwayatna timana istilah "ngadu bako"?
Bako diurang dicampur cengkeh, jadi roko keretek. Cengkeh oge keur sabaggian daerah kaasup komoditas utama. Ku penting-pentingna cengkeh, kungsi pamaretah ngaregulasi perdagangan cengkeh (BPPCna Tomi). Waktu cengkeh murah akibat diregulasi ku pamarentah (baca : dimonopoli Tommy), urang Minahasa ngajarerit. Kabeneran waktu eta, kuring ka Minahasa jadi ningali pisan kumaha sangsarana urang Minahasa. Cengkeh nu biasana 15-20 rewu perak, hargana jadi 2000 perak. Urang Minahasa nu biasana lubak-libuk, ngadak-ngadak jadi salangsara. Efek sosial akibat ieu gede pisan, salah sahijina tingkat kriminalitas naek, moral jadi turun (loba nu ngadak-nagdak jadi PSK, da biasa hirup mewah). Lamun ningali eta, ngaroko teh sabenerna mah ngahirupan patani bako jeung cengkeh salian tinu boga pabrik roko, karyawan jeung padagang. Bako jeung cengkeh, dilemna keur pamarentah, tapi oge dilemna keur kuring......sabab, kungsi eureun ngaroko 2 taun leuwih, ayeuna jadi ngaroko deui .....hehehehehe Baktos, WALUYA (NU kungsi diseungseurikeun Ua Sas, pedah kuring ngaroko deui) --- In [email protected], "Kang Ule" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ehm....cenah dilembur rame masalah ngudud teh ieu nya? heuheuheuheu.. > sumpah uing ge ngaroko, jeung deuih teu bisa pindah ti produk PM.. > anu pasti dititah eureun, tong boro ku batur kunu jadi kolot oge kunu jadi > jikun teu bisa,.. aya bisa ngurangan ngurangan jatah batur. da ngahaja teu > meuli rokok.. ai geus rieut teuing hayang ngudud ka paksa ngenta anu sarua > merek rokona jeung karesep uing... > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

