Walah aya kolot euy..
haturan bah willy
saurna bade ngawayuh...he..he..he...
(heureuy bah...he..he..he.)

ngan punten saacana, kuring lain rek mapatahan ngojay ka meri.
beu ampun paralun. teu, teu pisan pisan.
kuriak katulah kuring, kawalat engke.

Kieu bah,
kumaha mun urang teh mikirna tong panjang teuing.

"lamun urang eureun ngaroko, sabaraha rebu jelema kaleungitan panghasilan."

kitu anu katangkep ku kuring mah, email bah willy teh.

Bah willy,
1.
anggota milis [email protected] aya 2067 urang (10 agustus 06, jam 14:10).
anggap 3/4 na ngaroko, atawa 1550 urang.
lamun anu 1550 urang eta eureun ngaroko, naha bakal bangkrut perusahaan roko ?
moal, sabab masih aya keneh jutaan jalma ngaroko.

2.
sukur-sukur lamun loba jelema saladar (lain urang kusnet wae) terus ngeureunan ngaroko.
Ngan pasti moal bisa sakaligus eureun. tangtu nungtutan hiji-hiji.

berarti proses eta ngabutuhkeun waktu.
 
tah salila proses eta, para ahli pertanian, ti IPB misalna, bisa ngupayakeun cara ngaganti pepelakan bako jadi pepelakan sejen anu hargana sarua, sukur-sukur leuwih mahal.

komo deui ayeuna keur haneut, tangkal Jarak (kaliki tea lainnya ?)
kumaha lamun lahan anu sakitu lega na teh dipelakan ku jarak.

Jadi ceuk kuring mah, teu kudu dilema, asal urang niat mah. loba jalan.

kitu tah bah...
punten sakali deui yeuh....


On 8/10/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Enya lah, rek ngaroko oge mangga, tapi nu alus mah teu ngaroko. Bako
dipelak ku para patani di urang, malah jadi sumber kahirupan. Patani di
Garut jeung Tanjungsari Sumedang unggal taun melak bako kitu deui di
daerah sejen. Di Madura jeung di Jawa Timur (daerah Tapal kuda), bako
mangrupakeun komoditas utama. Ku penting-pentingna bako, kungsi
kabejakeun di hiji desa di Madura aya carok, antara mantan lurah jeung
lurah nu keur jumeneng, rebutan lahan desa (tanah carik), kulantaran
lahan eta ngahasilkeun bako kualitas hade. Urang Sunda oge teu
tinggaleun nganggap penting bako, tepi ka aya istilah "ngadu bako". Cik
aya nu terang riwayatna timana istilah "ngadu bako"?

Bako diurang dicampur cengkeh, jadi roko keretek. Cengkeh oge keur
sabaggian daerah kaasup komoditas utama. Ku penting-pentingna cengkeh,
kungsi pamaretah ngaregulasi perdagangan cengkeh (BPPCna Tomi). Waktu
cengkeh murah akibat diregulasi ku pamarentah (baca : dimonopoli
Tommy), urang Minahasa ngajarerit. Kabeneran waktu eta, kuring ka
Minahasa jadi ningali pisan kumaha sangsarana urang Minahasa. Cengkeh
nu biasana 15-20 rewu perak, hargana jadi 2000 perak. Urang Minahasa nu
biasana lubak-libuk, ngadak-ngadak jadi salangsara. Efek sosial akibat
ieu gede pisan, salah sahijina tingkat kriminalitas naek, moral jadi
turun (loba nu ngadak-nagdak jadi PSK, da biasa hirup mewah).

Lamun ningali eta, ngaroko teh sabenerna mah ngahirupan patani bako
jeung cengkeh salian tinu boga pabrik roko, karyawan jeung padagang.

Bako jeung cengkeh, dilemna keur pamarentah, tapi oge dilemna keur
kuring......sabab, kungsi eureun ngaroko 2 taun leuwih, ayeuna jadi
ngaroko deui .....hehehehehe

Baktos,
WALUYA
(NU kungsi diseungseurikeun Ua Sas, pedah kuring ngaroko deui)


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke