Assalamu'alaikum wrwb
haturan baraya dimana wae ayana..
Dibujeng enggalna wae, 

Kamari simkuring ngobrol sareng rerencangan bagean rekrut padamel di kantor, 
saurna kaping 14 Agustus kantor simkuring (sucofindo) bade ngayakeun panampian 
padamel enggal (upami teu aya wagelan Iklan  Kompas sareng Pikiran  rakyat 
dinten  saptu atanapi minggu mangga tingali). Calon anu di pikahoyong nyaeta 
lulusan D3  sareng S1 jurusan teknik (bade teknik naon wae oge mangga asal ulah 
teknik korupsi he..he..)   
Pelamar langsung sumping ka : cabang sucofindo di tiap daerah  contohna  
bandung jl. sukarno hatta, Semarang jalan ahmad yani, surabaya jalan kalibutuh 
, jakarta kantor pusat jalan raya pasar minggu pancoran kav 34 ( di tiap 
propinsi aya cabang sucofindo)

Syarat lamarannana  mah sami wae sapertos anu umumna wae, anu teu acan 
pangalaman oge di tampi sok komo deui anu ngagaduhan pangalaman langkung sae .
aya bocoran nembe saurna anu bade di tampi aya 169 jalmina, gajihna anu S1 
kirang langkung 4 juta lumpsum, upami D3 2 juta lumpsum.
Kukituna bilih aya baraya anu ngagaduhan raina atanapi wargina anu teu acan 
didamel mangga di piwarang ngalamar wae.. gratis teu aya pungutan naon naon.

Baktos 
tatan
Divisi HRD Sucofindo
 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke