Sapuk,
Hatur nuhun Kang Enton informasina. Aya eta oge anu ngabejaan kl 2 bulan katukang ti anu caket ka Kang Ganjar, perkara anjeunna bade atawa dicalonkeun pikeun tandang makalangan janten rektor Unpad. Ngan, harita, rada asa-asa bade ngieran ka milist teh kawantu waktu eta iber dikonfirmasikeun ka anjeunna waleranana henteu positif (handap asor anjeunna rupina dugi ka henteu wakca balaka samemeh prung acara pamilon mah).
Alhamdulillah, sanajan karek warta ngeunaan punjulna sora pamilih anu biluk ka Kang Ganjar, salaku rektor Unpad, sim kuring tos bingah sareng kacida sumorojongna. Pamugi wae malati lingsir ku wanci, campaka ligar na mangsa, Kang Ganjar kapilih kalawan buleud, boh ceuk sora ti handap oge sora ti luhur, kauntun tipung katambang beas, laksana jenten rektor Unpad periode ayeuna ieu + ka hareup.
Sapuk sareng pamadegan kang Riksanagara, Kang Ganjar kalebet inohong Sunda anu kumplit, boh kaintelektualanana, perhatosan kana masalah seni budaya, sumawonna perkara kahirupan masyarakat mah. Apan kasang tukang akademisna oge sosial ekonomi pertanian tea, anjeunna teh. Atuh kiprahna dina widang kabudayaan teu kedah dipedar deui, jalaran sakitu tos netrana. Kamari wae, waktu anjeunna nuju hadir dina gempungan inohong-inohong Sunda madungdengkeun perkara kapamimpinan di US, 4 Agustus 2006 di kantor PR, anjeunna masih nyayogikeun waktos kersa ditepungan ku salah saurang warga masyarakat anu bade konsultasi perkara bahan sosialisasi mitigasi (ngurangan koran jiwa jeung rajakaya akibat bencana nepi ka tingkat saminimal-minimalna) bencana alam di Jabar pakidulan.
Wilujeng Kang Ganjar.
baktos,
manAR
On 8/13/06, riksanagara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Enton,
Mani bingah pisan ngaos informasi ti kang Enton teh,.....Sim kring
ngarojong sareng ngado`a mugiya kang Ganjar Kurnia tiasa
diparengkeun ku Gusti Alloh Anu Maha Kawasa tiasa janten rektor
UNPAD.
Sakaterang simkuring, tina ka intelektualan nana henteu kawon ti dua
kandidat anu sanesna,..atuh dina pangalaman nana anjeunamah skalana
henteu mung nasional tapi oge regional sareng internasional,....
Sim kuring gaduh kayakinan upami kang Ganjar diparengkeun janten
rektor UNPAD sanes mung civitas akademia UNPAD wungkul anu bakal
kenging kauntungan sareng barokah teh,..tapi oge masyarakat
Indonesia pada umumna, terutami masyarakat alit, kumargi UNPAD tiasa
janten lokomotif kanggo narik gerbong masayrakat (terutami
masyarakat Sunda)dina rarangka naekeun harkat darajatna,...terutami
tina sisi ekonomina.
Wilujeng Kang Ganjar,...mung kantun salangkah deui,...
Mugiya dipasihan pitunjuk sareng jalan ku Gusti Alloh kanggo
kamaslahatan urang sadayana.
Baktosna
Riksanagara
--
- In [email protected], enton supriyatna sind
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ieu mah tambi sepi teuing, bilih aya nu teu acan uninga
perkembangan pemilihan rektor Unpad. Babak penyisihan: Taufik Siddiq
Boesoirie (Fak. Kedokteran) 62 suara (34%), Ganjar Kurnia (Fak
Pertanian) 41 suara (23%), Sutyati SUmitro (FE) 11 suara, Asep
Kartiwa (FISIP) 11, Husen H, Bhakti (MIPA) 15, Ahmad Ramli (FH) 15,
dan lain-lain.
> Tah dina babak final 3 besar, Kang Ganjar Kurnia punjul jadi 71
suara, Taufik SB 69 suara, Ahmad Ramli 17 suara. Tilu jagoan ieu teh
teras dikintun ka Mendiknas. Mun ceuk gerentes hate kuring mah,
pantes tah Kang Ganjar manggung. Lain pedah anjeunna kalebet baraya
Kusnet hehehehe
>
> wass
> ESS
>
>
> ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Damaaaaaaaaaang kang Girang...
> kumaha sawangsulna ?
> kamana wae tara katingali ngorong dilembur ?
> heu heu
>
> -dul-
> kuncen #8
>
> --- In [email protected], Girang Permata
> <girang_permata2@> wrote:
> >
> > bae we atuh...., pan keur sarare keneh mereunan.
> > maenya rame wae atuh....
> >
> > kumaha kang ndoel damang? tos janten kuncen lin?:D
> > sok atuh lah, sing aktifnya?
> >
> > --- ndoell <ndoell@> wrote:
> >
> > > hmmmm.....
> > > sepi jempling kieu geuning lembur teh. tiis ceubrik,
> > > rehe combrek.
> > > teu aya nu ngulampreng saurang-urang acan.
> > > ngaduruk imah wae kitu ?
> > >
> > >
> > > -dul-
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> >
> >
> > __________________________________________________
> > Do You Yahoo!?
> > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> > http://mail.yahoo.com
> >
>
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Get your email and more, right on the new Yahoo.com
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

