Bade ngiringan sakedik. Biasana msh dina pamilon calon
rektor, sora anu pangpunjulna anu dipilih janten
rektor. Namung jaman pamilon rektor UI taun 1982,
calon rektor anu dipilih teh anu sorana pangbuncitna.
Atuh dina jaman reformasi siga ayeuna, pamugi rektor
anu dipilih teh anu soran pangpunjulna.
Wilujeng ka Kang Ganjar, janten calon rektor UNPAD.

baktos,

mrachmatrawyani


--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sapuk,
> 
> Hatur nuhun Kang Enton informasina. Aya eta oge anu
> ngabejaan kl 2 bulan
> katukang ti anu caket ka Kang Ganjar, perkara
> anjeunna bade atawa
> dicalonkeun pikeun tandang makalangan janten rektor
> Unpad. Ngan,
> harita, rada asa-asa bade ngieran ka milist teh
> kawantu waktu eta iber
> dikonfirmasikeun ka anjeunna waleranana henteu
> positif (handap asor anjeunna
> rupina dugi ka henteu wakca balaka samemeh prung
> acara pamilon mah).
> 
> Alhamdulillah, sanajan karek warta ngeunaan punjulna
> sora pamilih anu biluk
> ka Kang Ganjar, salaku rektor Unpad, sim kuring tos
> bingah
> sareng kacida sumorojongna. Pamugi wae malati
> lingsir ku wanci, campaka
> ligar na mangsa, Kang Ganjar kapilih kalawan buleud,
> boh ceuk sora ti
> handap oge sora ti luhur, kauntun tipung katambang
> beas, laksana jenten
> rektor Unpad periode ayeuna ieu + ka hareup.
> 
> Sapuk sareng pamadegan kang Riksanagara, Kang Ganjar
> kalebet inohong Sunda
> anu kumplit, boh kaintelektualanana, perhatosan kana
> masalah seni budaya,
> sumawonna perkara kahirupan masyarakat mah. Apan
> kasang tukang akademisna
> oge sosial ekonomi pertanian tea, anjeunna teh. Atuh
> kiprahna dina widang
> kabudayaan teu kedah dipedar deui, jalaran sakitu
> tos netrana. Kamari wae,
> waktu anjeunna nuju hadir dina gempungan
> inohong-inohong Sunda
> madungdengkeun perkara kapamimpinan di US, 4 Agustus
> 2006 di kantor
> PR, anjeunna masih nyayogikeun waktos kersa
> ditepungan ku salah saurang
> warga masyarakat anu bade konsultasi perkara bahan
> sosialisasi mitigasi
> (ngurangan koran jiwa jeung rajakaya akibat bencana
> nepi ka tingkat
> saminimal-minimalna) bencana alam di Jabar
> pakidulan.
> 
> Wilujeng Kang Ganjar.
> 
> baktos,
> manAR
> 
> 
> On 8/13/06, riksanagara <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> >
> > Kang Enton,
> >
> > Mani bingah pisan ngaos informasi ti kang Enton
> teh,.....Sim kring
> > ngarojong sareng ngado`a mugiya kang Ganjar Kurnia
> tiasa
> > diparengkeun ku Gusti Alloh Anu Maha Kawasa tiasa
> janten rektor
> > UNPAD.
> >
> > Sakaterang simkuring, tina ka intelektualan nana
> henteu kawon ti dua
> > kandidat anu sanesna,..atuh dina pangalaman nana
> anjeunamah skalana
> > henteu mung nasional tapi oge regional sareng
> internasional,....
> >
> > Sim kuring gaduh kayakinan upami kang Ganjar
> diparengkeun janten
> > rektor UNPAD sanes mung civitas akademia UNPAD
> wungkul anu bakal
> > kenging kauntungan sareng barokah teh,..tapi oge
> masyarakat
> > Indonesia pada umumna, terutami masyarakat alit,
> kumargi UNPAD tiasa
> > janten lokomotif kanggo narik gerbong masayrakat
> (terutami
> > masyarakat Sunda)dina rarangka naekeun harkat
> darajatna,...terutami
> > tina sisi ekonomina.
> >
> > Wilujeng Kang Ganjar,...mung kantun salangkah
> deui,...
> > Mugiya dipasihan pitunjuk sareng jalan ku Gusti
> Alloh kanggo
> > kamaslahatan urang sadayana.
> >
> > Baktosna
> > Riksanagara
> >
> >
> >
> >
> > --
> >
> > - In [email protected], enton supriyatna
> sind
> > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > > Ieu mah tambi sepi teuing, bilih aya nu teu acan
> uninga
> > perkembangan pemilihan rektor Unpad. Babak
> penyisihan: Taufik Siddiq
> > Boesoirie (Fak. Kedokteran)  62 suara (34%),
> Ganjar Kurnia (Fak
> > Pertanian) 41 suara (23%), Sutyati SUmitro (FE) 11
> suara, Asep
> > Kartiwa  (FISIP) 11, Husen H, Bhakti (MIPA) 15,
> Ahmad Ramli (FH) 15,
> > dan lain-lain.
> > >   Tah dina babak final 3 besar, Kang Ganjar
> Kurnia punjul jadi 71
> > suara, Taufik SB 69 suara, Ahmad Ramli 17 suara.
> Tilu jagoan ieu teh
> > teras dikintun ka Mendiknas. Mun ceuk gerentes
> hate kuring mah,
> > pantes tah Kang Ganjar manggung. Lain pedah
> anjeunna kalebet baraya
> > Kusnet hehehehe
> > >
> > >   wass
> > >   ESS
> > >
> > >
> > > ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >           Damaaaaaaaaaang kang Girang...
> > > kumaha sawangsulna ?
> > > kamana wae tara katingali ngorong dilembur ?
> > > heu heu
> > >
> > > -dul-
> > > kuncen #8
> > >
> > > --- In [email protected], Girang
> Permata
> > > <girang_permata2@> wrote:
> > > >
> > > > bae we atuh...., pan keur sarare keneh
> mereunan.
> > > > maenya rame wae atuh....
> > > >
> > > > kumaha kang ndoel damang? tos janten kuncen
> lin?:D
> > > > sok atuh lah, sing aktifnya?
> > > >
> > > > --- ndoell <ndoell@> wrote:
> > > >
> > > > > hmmmm.....
> > > > > sepi jempling kieu geuning lembur teh. tiis
> ceubrik,
> > > > > rehe combrek.
> > > > > teu aya nu ngulampreng saurang-urang acan.
> > > > > ngaduruk imah wae kitu ?
> > > > >
> > > > >
> > > > > -dul-
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> __________________________________________________
> > > > Do You Yahoo!?
> > > > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
> protection around
> > > > http://mail.yahoo.com
> > > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > ---------------------------------
> > > Get your email and more, right on the  new
> Yahoo.com
> > >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> 
=== message truncated ===


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke