Sound Of Indie Resurrection
Sabtu 12 Agustus 2006, 3 pm - 12 am
@ Avant Garde Auto Resto
Jl. Senopati No.6 Jakarta Pusat
(Deket Ratu Plaza Senayan)

"Chan, anak-anak jalan jam berapa?"
"jam 5 pan, lu kesini aja."
"oh, ya udah."

Chandra, keyboardist band Molenvliet, babaturan kuring.
Manehna geus 7 tahun nge-band. Ti SMU, kuliah, nepi ka ayeuna geus jadi jurnalis, aktifitas ngeband na masih tetep jalan.

Jalur anu ditempuh ku barudak Molenvliet nyaeta INDIE, tapi pikeun maranehna (barudak Molenvliet), INDIE teh lain jalur kelas 2. Lain tempatna band anu teu bisa nembus Major label.

Pikeun maranehna, INDIE teh singkatan tina INDEPENDENCE. Hartina bebas, bebas berekspresi, bebas ngagaya, bebas tina strategi (baca: iketan) manajemen Major Label, bebas....

Nu matak teu aneh, lamun nyimak lagu-lagu barudak INDIE, loba lirikna anu kritis, eksplisit ngahujat pamarentah, najan teu saeutik anu ngeunaan cinta malah anu vulgar oge aya. Warna musikna oge bebas, aya anu nganut rock, tekno, pop, disko, campuran, loba pokonamah.

Masalah gaya, sakahayang, sakadaek. Loba anu ngagaya a la band-band ingris saperti pulp,beatles,jrrd. Aya deui anu nonjolkeun kesan 'culun', make gigi kawat, kacamata kandel jeung gede. Aya deui anu feminis, manggung make rok, dangdanan ala 80'an. Eta teh dangdanan pamaen band anu manggung.
Dangdanan penonton, teu eleh 'sakahayang'.Aya nu make calana jins rajet, sapatu kanvas soeh, buuk aya nu gimbal, kribo gede pisan, nutupan panon sabeulah,jeung model araneh lain. Aya deui anu make kacamata ngabelenong gede. Anu make baret. Aya deui anu kucel, teuing teu mandi sabaraha bulan tah budak teh. Pokona asa ningali pesta kostum we lah.
Ceuk rarasaan mah, ngan kuring we nu "mahiwal" teh. Sanajan cukup kasual oge, make jins jeung kaos hideung polos.

Anu lucu mah ningali salah sahiji band, ngarana teh "Dikeroyok Wanita" (tuh nya ngaran band oge sakahayang he..he..he..). Maranehna make kostum: sapatu kanvas, kaos kaki ngagulung, calana pendek beureum siga calana budak SD, baju kameja hideung, kacamata ngabelenong gede.
Dina hate, kuring ngagerentes :
"beu, hayang naon ilaing teh atuh sujang? nepi ka kikituan sagala.he..he..he..disidik-sidik bet siga papatong beusi."

Anu hadir di Avant Garde teh umurna variasi najan kabeh budak ngora, ti umur SMA-an nepi ka saumuran kuring, malah meureun aya anu 30-an oge, hiji dua mah.

Najan kitu, komunitas INDIE teh sabenerna mah lega jeung campur baur, teu kabeh papatong beusi atawa budak kucel galandangan, buuk gimbal acak-acakan.
loba deui unsur sejena.

Sanajan dangdanan 'sakahayang', maranehna teh sabenerna mah lain jalma teu nyakola atawa ti kulawarga nu teu puguh asal usulna.

Sahanteuna lirik-lirik lagu na rata-rata basa ingris, najan teu saeutik anu basa indonesia ge.

Aya band ngarana teh "auto band", vokalisna dua, awewe jeung lalaki, nu awewe beungeutna teh indo, geulis lah pokona mah. Jeung deui penonton oge teu saeutik anu boga beungeut 'keturunan',boh lalaki boh awewe. Ceuk taksiran mah, aya nu keturunan eropah, arab jeung india.

Lamun ningali ka palataran parkir, mobil anu parkir oge teu saeutik. Sababaraha hiji mah malah mobil-mobil 'high class'.

Mun kitu, nanaonan atuh maranehna teh? baju loba nu alus, nu dipake calana rajet. Sapatu bisa meuli nu mahal, malah make sapatu kaen, soeh deuih. Ayeuna usumna calana 'hip style', ngadon make rok, dikacamata deuih pleus gigi kawat, siga "Betty la Fea".

Naha ieu anu disebut "Identitas" teh? "Jati diri" maraneh teh ieu kitu? papatong beusi? Betty la Fea? galandangan kucel? jrrd?

Mun enya ieu teh jati diri aranjeun, naha tetep bakal jadi betty la fea nepi ka engke nini-nini? naha tetep jadi papatong beusi nepi ka aki-aki?

Kuring ngan ukur bisa ngarahuh.

(ahir tulisan 1 tina 2 tulisan) __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke