Wa'alaikumsalaam w. w.

Bagea, Kang Usan ti Garut. Nepangkeun, kuring sikandar, ti Garut oge...

Ngeunaan kamus Sunda, aya sababaraha anu kuring rada apal:
* Kamus Sunda LBSS, medal taun... (hilap deui, pokona mah tos lami)
* Kamus Sunda Sacadibrata, medal ulang taun kamari asana mah (Kiblat Buku Utama)
* Kamus Sunda-Indonesia, medal sababaraha taun ka pengker, disusun ku dosen Unpad, dibagi kana sababaraha jilid
* Kamus Sunda dina basa Inggris, disusun ku R. Harjadibrata, medal awal taun 2000-an (Pustaka Jaya)

Lian ti kamus2 dadaran di luhur, aya oge kamus alihbasa praktis, kenging nyusun Budi Rahayu Tamsyah (Pustaka Setia). Lajeng kamus nu dilengkepan ku gambar, disusun ku Tatang Sumarsono.

Ngeunaan tata basa, sigana mah anu kawilang lengkep teh nu judulna "Maher Basa Sunda", disusun ku Tatang Sumarsono (Geger Sunten).

Hapunten bisi nu di luhur katrangan2ana salah (da ukur beunang ngawangwang). Mangga, kantun milih.

On 12/08/06, Ruslan Abdul kohar wrote:

Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Tepangkeun nami abi usan, asal ti Garut. Punten, abi bade naroskeun ari kamus sunda anu lengkap sareung buku tata basa basa sunda anu sae penerbitna saha?



--
sikandar
kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke