Molenvliet, personil na aya 5 urang, Chandra (keyboard), Ari (Vokal), Andri (bass), Yuda (gitar), Ocat (gitar), Rizal (drum).Hiji deui Eka (cadangan drumer). Andri, Yuda jeung Chandra adi lanceuk.
http://www.friendster.com/molenvliet.

Kuring wawuh jeung maranehna (hususna anu tiluan, Andri bersaudara) ti taun 2003, waktu kuring kost di wewengkon Petojo. sabab tempat gawe kuring nu bareto aya di harmoni.

Sanggeus loba ngobrol jeung maranehna, bisa katangkep yen maranehna teh boga idealisme. Boga kaprihatinan kana kaayaan masyarakat. Kana kondisi nagara ayeuna.

Sahanteuna maranehna teh barudak nyarakola, Andri ayeuna jadi marketing, Chandra jurnalis, Yuda sukarelawan di LBH, sanggeus lulus ti Fak. Hukum UBK, taun ieu.

Nu matak mun nyimak lagu-lagu anu diciptakeun ku maranehna, eusina mangrupakeun sindiran kana kahirupan sapopoe, saperti:  baturna anu paeh ku narkoba, lapangan kerja, perselingkuhan,jsb. Sanajan tetep disajikeunna a la INDIE.

Ti maranehna, kuring jadi saeutik gede nyaho kana aliran-aliran musik INDIE label, punk, jsb. Lamun urang mah nyaho na teh kapanan band-band terkenal hungkul saperti Dewa, Samson, Ada Band, Ungu, Kerispatih, jrrd.

Ku maranehna, band-band major label teh sok diceceleh. Soalna, band anu asup ka major label, kudu siap jadi budak manajemen, kebebasan na diatur ku pasar. Kitu ceuk maranehna teh.

Lamun ditengetan mah, memang teu salah-salah teuing. Mun urang merhatikeun lagu-lagu ti band-band terkenal (major label), eusina teh teu jauh ti NAFSU BIRAHI, anu di bungkus ku kemasan endah ngarana CINTA.  

Ngan saeutik anu nyoarakeun kabobrokan pemerintahan, kondisi sosial anu amburadul, Narkoba, kajahatan, jrrd.

Naon akibatna ?
Akibatna moral barudak ngora hususna, jadi ngageser (lamun teu ancur mah). Nu bobogohan geus liwat bates, dangdanan papakean geus teu pararantes, jsb.

Padahal mah, maranehna anu keur jadi "public figure" teh, sabenerna boga kasempetan pikeun mere conto anu hade, anu ngabangun (konstruktif). Lain ieu mah kalah ngaruksak.

Ngan dalah dikumaha, orientasi jelema ayeuna mah geus materialis. Nu penting sesuai jeung selera pasar. Antukna, bakat seni teh dieksploitasi pikeun kauntungan material.

Balik deui ka barudak INDIE.

Lamun maca tulisan kuring anu kahiji (INDIE, nu nareangan jati diri). karasa aya pertentangan.

Lamun dina tulisan kahiji ngagambarkeun yen komunitas INDIE teh barudak ngora anu can jejeg pipikirannana, sedengkeun tulisan ieu, ngagambarkeun justru katetepan tekad, nyoarakeun ka teu adilan (Ketidak adilan).

Mana nu bener ?

Euweuh nu salah, kabehanana bener. Da memang komunitas barudak INDIE teh lega jeung loba unsurna.
Sabagean memang barudak ngora anu keur neangan dirina, hayang nunjukkeun yen maranehna teh aya, menta pangakuan ku gaya anu araraneh.
Tapi aya deui sabagean anu memang idealis, boga pamadegan, kaprihatinan jeung sumanget.

Kuring sorangan kabeneran gabung na teh jeung bagean anu kadua. najan henteu ari maen band mah, da teu bisa.

he..he..he..

cukup jadi supporter we....

Kitu tah baraya..

 (tulisan 2 tina 2 tulisan, beak)

***Fuck Israel !!!
   Go to hell America !!! __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke