Haturan apih,
Apa tos aya bukuna, seratan kang Ganjar Kurnnia (calon rektor Unpad tea) sareng Kang Arthur S. Nalan ti STSI, malah aya CD-na (CD seni ieu anu si kuring upami teu lepat nuju di tambut kua Ua Sas). Judulna:  "Deskripsi Kesenian Jawa Barat". Ti payun Kang Ganjar ngalangkungan ieu milis nawisan ka anu hoyong gaduh eta buku + cd kasenian Sunda kantun ngontak ka Unpad (neng Siti atanapi teh Ane di Unpad tiasa ngabantosan).
 
Tina daftar eusi eta buku, aya 34 jenis kelompok kasenian Sunda, ti mimiti seni musik, tari, drama/pertunjukan, wayang, jst. Tina anu 34 teh, langkung ti satengahna sigana kaasup tos langka. Geura wae sajabi anu ditataan ku apih:
1. Burokan
2. Bengberokan
3. Kuda Renggong
4. Surak Ibra
5. Memeniran (Badawang)
6. Goong Renteng
7. Tarawangsa
8. Terbang Buhun
9. Gamelan Sakati
10. Sintren
12. Topeng Cirebon
13. Wayang Cepak
14. Wayang Kulit Indramayu
15. Wayang Kulit Bekasi
16. Topeng Banjet Karawang
17. Uyeg
18. Ronggeng Gunung
19. Pantun Sunda
 
Cekap sakitu wae. Nu sanesna mah kaetang masih mindeng kapintonkeun. Salengkepna, mangga tiasa nyuhunkeun eta buku + cd-na, haratis.
 
baktos,
manAR

 
On 8/15/06, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Cing para wargi....pangnambihankeun upami aya anu kalangkung, pangngirangankeun upami masih keneh seueur/sering manggung..
Seni-seni/budaya Sunda anu tos langka, tiasa oge disebat anu tos ampir teu aya dikieuna ;
1. Beluk
2. Wayang Beber
3. Pantun
4. Wayang Catur
5. Longser
6. Laes/lais
7. Benjang
8. Gondang
 
naon deuinya....??
 
ssw
 
 

 


Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke