Sateuacanna, punten si kuring seja ngoreksi heula kecap anu digunakeun dina e-mail ieu anu penting kudu dikoreksi. Sabab bisi pabaliut. Kecap anu dimaksud teh nyaeta "ngajait". Sigana, ieu kecap "ngajait" teh dimaksudkeun pikeun pagawean anu lamun ceuk basa Indonesiana (BI) mah "menjahit" tea. Tah kecap "menjahit" lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda (BS) kuduna "ngaput" lain "ngajait". Sabab, kecap "ngajait" (BS) ngandung maksud atawa harti anu geus tangtu, nyaeta: nulungan atawa nyalametkeun. Contona: "ngajait tina balai", atawa "ngajait dulur tina kasusahanana", jst. Jadi, "ngajait baju" upama teu surti (langsung paham) maksudna mah bisa dihartikeun kieu: "nulungan baju" (jadi teu nyambung).
Teh Mae, pamugi henteu kapok nyerat dina basa Sunda nya, koreksi eta mah itung-itung katineung ti urang lembur ka dulur US anu tos lami aya di lingkungan masyarakat anu teu ngagunakeun basa Sunda.
Saterusna, ngeunaan pasoalan anu ditaroskeun, sababaraha usul atawa asupan ti dulur-dulur anu tos aya sigana nyukupan, kari prak dilakonan. Pasoalan bisa dibeberes kalawan menta tulung ka Depnaker, atawa, samemehna ka aparat desa tempat inyana digawe heula.
Sigana, keur pentaeun tulung mah loba pihak anu bisa dihubungan. Ngan, anu haat nulungan mah tangtuna oge saeutik. Komo nulungananana nepi ka sapuratina beres pasoalan mah. Kukituna, muga ieu padamel konveksi teh ulah nepi ka putus asa. Upama teu matak ngabaruntakeun rumah tangga mah aya hadena kaluar wae tina eta pagawean (sanggeus menta tulung kaditu kadieu teu aya wae anu mantuan) sawatara waktu mah. Insya Alloh geura, hiji waktu, anjeunna meunang deui pagawean anu teu matak sangsara siga ayeuna.
baktosna,
baktosna,
manAR
On 8/12/06, Mae West <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten baraya sadayana abdi bade tumaros. Tadi aya ibu2 anu ngadoni sareng nyuhun keun bongbolongan ka abdi. Hanjakalna abdi ngan ukur milu welas. Saurna teh panangan anjeuna dua nana anu kiwa sareng anu katuhu teh paregel da eta encok tea, manawi anjeuna damel ngajait jaket sareng acuk di pabrik anu kagungan urang jerman. Damel teh kedah 14 jam sadinten ti satengah dalapan isuk dugi ka tabuh sapuluh wengi. Ari WC sareng kamar ibak di konci, dibuka oge kanggo wudlu sholat lohor wungkul. Heg pabrik teh tebih lebet kampung caket cisaat, nami na Ueroget atanapi Euroget, ari merek anu ditapel keun kana jaket mah Iguana. Nami Mandor na Wisnu sareng Sukma, telepon 0266-212-389. Bade tumaros teh kieu yeuh, kasaha eta komplain anatapi lapor. Hatur nuhun sateuacana.Mae
Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2ยข/min or less.
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

