nasyid mah impor atuh kang...tuh dina pupuh2 oge aya
pangeling2 mah, teu acan nu sanesna deui...."ngareusi" budaya sunda
mah...ari "budaya" ayeuna mah seurna "daya" wungkul, ngaberdayakeun
sagala bentuk seni...
tapi teu nganggo "budi" na...

seueurna kana tauhidan urang sunda mah...
luyu sareung agama (aturan garapan manusa) islam...
sok weh tingal...
rukun islam pertamana nyaksen ka Allah....tauhid
rukun iman pertamana yakin ka Allah...tauhid

naha tiasa kitu sepuh2 kapungkur dugi tauhid?...
wah...langkung2 ti urang kapungkur mah...

seni sunda anu maknana sarae sapertos dina sisingaan...singa depong...
maksadna jero...
sukuna aya 4(nu ngagotong) tambih singana 1...eta fungsi nu 5...
dina ageuman islam naon wae fungsi anu 5...mangga seueur pan...
solat anu 5 waktos, sahabat sareng baginda aya 5, rukun islam, jrrd
tah, tos islam teh pami urang tos diangkeun "baleg"/baligh...nyaeta
disunatan tea...mantak dirayakeun...
atuh anu "jero"na deui...mun urang tos tiasa "ngararapkeun"  5 anu,
5 ieu, 5 itu, jeung lima2 anu lianana...eta anu kaislamanana baris sae 
pisan,
da islamna mah tos sampurna sanes?
malah mandar tiasa sapertos dilambangkeunana ku singa...
sapertos sahabat Rasul SAW...sayyidina Ali ra.  singa Allah tea...

jaipong...maksadna urang tiasa "ngibingkeun Jaman"
ulah kaibingkeun jaman urangna...

suling...alat musik anu ditiup...eta ge aya hartos anu jero na
permisilan tina anu ditiupkeun ka urang...keur can nyaba ka dunya...
ari geus aya nu ditiupkeun ka urang mah...
urang bisa soraan...


tapi da memang sepuh kapungkur mah teu sapertos ayeuna....
tunggul dirurud...catang dirumpak...
nu ngising ditampiling...nu modol dijongklokkeun....
langkung tartib kapungkur mah...
eta oge pangangkeun sepuh kapungkur...:p
urang oge ulah eleh ah...

timana atuh istilah...mulih ka jati(sajati)na, mulang ka asalna...
lamun teu acan aya nu tohid kapungkur...
rejeung akhlakna sararae...lalemeus, teu heuras genggerong, someah, jrrd
matak seueur istilah babasaan kanggo prak2an sadidinten sareng papada 
jalmi...
"nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngajait kanu titeuleum"
"silih asah, silih asuh ,silih asih"
jrrd

habluminallahna sae...ka papada jalmina sarae...
tah nu kitu nu baris salamet...
sing seueur nuang ketan weh supados tiasa sae ka papada jalmi mah...
hehe...
meh raraket....diraketan...ulah ketan sareng remeh wungkul nu raraket teh...
tapi...remeh ngentep kareuseup sim kuring...:p

pan dina katerangan Allah teh langkung caket batan urat nadi urang...
da wantun dipasihan emas sakintal abdi mah....sepuh kapungkur oge
aya urat nadi an...
ngan kapungkur mah...teu acan uninga yen namina Pangeran nu nyiptakeun
ieu jagad raya teh Allah...mung sa atos aya kitab2 suci...terutamina 
Al-Qur'an
disebatkeun didinya namina...tapi tujuanana mah teu kanu Dzat anu sanes
seja ibadahna, atuh muntangna...

cag ah urang SUNDA... masing nepi kana SUNDA jeung KASUNDAAN nana...


naha urang sunda nyebat F janten P wae....
eta weh geuning...tafakur....jadina tapakur...
jadi weh mun niis, ujlah ka gunung, ka goha...disebutna TAPA...
padahal tina tapakur eta teh...


tapa heula.

cep_iq wrote:

> Nyaeta nadoman sareng pupujian, barudak ayenamah
> kalah beki nasyid, padahal nadoman asli buatan aki
> buhun! Kedahnamah digalaken dei da nadoman teh seni
> heubeul pisan! Berharga pisan!
> Mugia aya nu merhatoskeun oge ngarawatna atanapi
> ngaanyar2keuna
> namung ulah hilap nadoman kedah sesuai sareng
> lagamna elmu arudl (elmu syiir arab) supados merenah
> na manah
> para wargi emut keneh
> anak adam ciciakan, gogoleran kalaparan
> atanapi
> man taroka solatan khomsin
> ayyakuna muta'amidan
> pa jaja jangkung 2x
> kasep ngan tara dicalana
> he2
> biasanamah unggal asar barudak gogorowokan dimesjid
> atawa nini dina pangaosan nu sok ngalagukeuna
> oge kahoyongmah urang sunda teh gaduh museum
> kebudayaan sunda & pengembangan basa sunda
> ulah kudu ka walanda rek diajar basa sunda ge
> upami hoyong motokopi transkrip2 kuno sunda nu
> tulisan arab kedah k sahanya?
> Ari ngahubungi teh ane nu di unpad kmhnya? Bd
> nyungkeun cd tea oge sakantena ngajak tuang di saung
> sawah
>
>  


-- 





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke